Dina TV One peuting ieu, teuing acara naon da kuring teu nempo, ngan ngadenge 
sorana wungkul (keur ketak-ketik dina komputer), dicaritakeun perkara ramalan. 
Ti mimiti nu keur populer ayeuna, ramalan kiamat taun 2012, tepi ka ramalan 
"lokal" khas Jawa/ Indonesia, nyaeta RAMALAN JAYABAYA. Ceuk naratorna teh, 
ramalan Jayabaya geus ngaprediksi Indonesia bakal dijajah ku bangsa kulit 
koneng SAUMUR JAGONG. Tapi ieu lain perkara bener salahna eta ramalan, ngan 
perkara JAGONGNA. Jagong lain pepelakan asli Indonesia, tapi asal muasalna ti 
Amerika. Tah kulantaran JAYABAYA nu lamun teu salah mah Raja Karajaan Kediri di 
abad ka 11, kuring jadi bingung sorangan. Ari bingungna kieu:

1) Lamun jagong geus aya ti abad ka 11, ieu hartina aya urang Jawa/ Indonseia 
nu geus boga hubungan jeung benua Amerika. Duka saha tah nu enggeus nganjang 
kaditu, samemeh Columbus .....

2) Kamungkinan sejen, ramalan Jayabaya teh rekayasa pujangga Jawa di jaman 
sanggeus datangna pendatang "bule" (Protugis, Spanyol, Walanda) nu mawa jagong 
ka Indonesia di abad ka 17.

Kamungkinan sejen? Manawi aya baraya anu terang...Hehehehe


Baktos,
WALUYA


Reply via email to