kecap penting: meuncit, maehan, numpakan, make

Tangtu geus pada terang yen pagawean qurban dina poe Iedul Adha neraskeun tapak 
hiji luluhur para nabi nu kalebet Ulul Azmi baheula. Sanajan nu kaciri saliwat 
kaayeunakeun di lembur mah qurban teh meuncit sasatoan kayaning domba jeung 
sapi, tapi, lamun nengetan kajadiana baheula pagawean qurban teh asal asal 
kanyataan kapengkuhan Sang khalilullah nu mampuh miceun kanyaah kucara nelasan 
putra nu kenging hese cape bari ngan hiji-hijina (ti Siti Hajar); miceun 
katineung kalebar nuturkeun clik putih clak herang pituduh ti EL nu ngamurbeng 
sanajan beurat beurat teuing. Antukna kapasihan berkah carana 
ngadeukeutkeun-ngadeuheuskeun maneh teh jadina (qurban- 
qaraba-yuqarabu-qurbanan) ku meuncit sato.

Kadieunakeun nu diturutan pakeun ngadeuheuskeun maneh ka pangerana teh lain 
meuncit budakna miceun/maehan kanyaah ka anak tapi meuncit sato, atuh kawas 
ngeunah ngeunah teuing ngan saukur nu boga (bari daek) mungkul nu migawena teh, 
oge teu beurat kawas ngurbankeun maehan anak sorangan. Malah sato nu 
dipeuncitna bisa dihakan jeung dibagikeun ka batur batur. Sapoe dua poe mah 
kawas kariaan jalma loba nyate ngagule salelembur, bau domba/sapi saimah-imah. 
Sanajan teu kurang kurang nu terus dodongeng ngingetkeun yen cenah baheulana 
mah eta teh titahan kudu meuncit budak kanyaah hiji-hijina.

Tapi, na meuncit sato ayeuna teh mani kudu disambung sambung jeung gedena 
dodoja kudu meuncit budak baheula sagala? Naon gunana dewek nurutan? Enya bakal 
deuheus? Naha ieu conto ku sato (keur ngaganti meuncit budak kanyaah) teh 
saukur nyokot gampangna bari telenges ka sato? Atawa memang bijil tina 
kasasmitaan? Urang buka lalangsena sakumaha nu kapanggih dilembur dina 
nurutnangtungkeun ageman.

II
Kanyaah kaanak, (harta banda jrrd kadunyaan) pangribrib rasa nu mahala mahayu


Sanajan aya dina qur’anna nu nyebutkeun yen geus lumrahna jelema dijadikeun 
boga kanyaah nu pohara ka anak (salian ti ka harta banda dunya barana) bari 
dibere pangwewedi yen di nu maha hirup aya nu leuwih (ti saukur eta), kanu geus 
ngasaan/eukeur boga anak tangtu moal nganahakeun deui sab ngandung ngayuga 
ngaheujeunkeun jeung miara anak teh jadi dibere rasa nyaah.

sedengkeun kanyaah gede pisan pangaruhna kana pribadi/jiwa nu nyatana bisa mawa 
cilaka (mahala) –[bisa oge mawa karahayuan (mahayu)]:

Anak senang sok ngilu senang (can tangtu dibere ge), anak gering milu gering, 
anak susah leuwih ngarasa susah, tisuksuk tidungdung poho ka sorangan melaan 
anak. Kolot jadi abdi (ngaulaan), anak jadi gustina…..loba nu poho yen sanajan 
anak misah raga misah nyawa. “Kanyaah” eta teh panggih anyar-anyar di dunya 
(sanggeus manehna dewasa/kawin) jeung moal angger bakal papisah sanajan teu 
kaputus ku paeh oge. Anakna ngagedean (dewasa kawas manehna), kawin… lila lila 
pajauh deui, pek ajaran engkena mun hayang terus ngeukeuweuk eta kanyaah hayang 
“deukeut” jeung anak terus loba contona Anak ngahiji jeung kolot sok mulya, 
tapi kolot ngahiji jeung anak sok jadi badega.

Ku nyaah teh jadi kakait katalimbeng loba nu teu waluya sab beda kahayang jeung 
anak. Anak teu saperti nu dipiharep. Disakolakeun dibiayaan sugan engke malik 
mulang (keun nu geus di) tarima tapi ana jadi kawin boga turunan leuwih bela ka 
duriat….loba nu pohoeun yen sanajan anak misah raga misah nyawa ayeuna mah 
manehnage (anakna) jadi kolot (boga pamanggih sorangan) oge deuih jadi 
diribriban boga kanyaah nu sarua ka nu anyar datang (da anakan deui).

Tungtungna bibilasan ikhlas rido resep boga anak nyaah kabina bina saukur 
dharma da eukeur, jeung waktuna dipercaya didunya jadi kolot. Bagja boga anak 
(pituin boh lain) sab jadi lawang kanyaah nu maha hirup ngagedekeun ‘nur’ nu 
aen. Teu ngarepkeun pamulang asal anak (batur anyar panggih didunya) salamet 
mulya hirup hurip…mere ngadu'akeun sukur hanteu ge sukur...da nu maha hirup ge 
gening kitu petana euweuh pamrihna. Ngajar ngadidik teh supaya bisa mustaqim 
(bisa nangtung ajeg sorangan teu menta nyusah keun batur engkena) sab memang 
kuduna manehna ge kudu ulah gumantung kanu lian (mustaqim) ngencar sanggup 
sorangan.

Tungtungna leah sumerah jig we jang/nay kumaha maneh asal salamet jeung kaasup 
dina ridhona hirup, asal ge hirup sorangan geus cukup waktuna jadi Bapa jadi 
indung dangdanan di kadunyaan ayeuna ngoraan deui

….. Hayang kakolotnakeun khusnul khatimah tiis ceuli herang mata, lugina 
sapapanjangna. Tungtungna neukteuk leukeur meulah jantung geus lain laina deui.

Matak kongas dina qur’an aya ayat teu indungan teu bapaan teu anakan jeung teu 
dianakeun teh disebutna surat Al-ikhlas, sorangan gumantung ka sorangan, geus 
teu kawas batur deui (euweuh nu nyaruaan)…

Qulhu kami….
Wakca sun. Nampi…
Hirup nu satungkebing langit satangkaraking jagat tunggal sakujur tangtung 
sawalatra rasa.
Hirup teh nyata disarengan hurip tempat gumantung da nyawa mah mung gagaduhan 
banda mung sasampeuran.
Wios teu anakan teu indungan teu bapaan deui (teras) da eta mah dangdosan 
kahirupan nu hirup.
Wios benten sareng nu sanes da di hoyong-hoyong ge moal sami pisan.
Wios sun.

Matak eta surat kaasup nu pangseringna dibaca ku barudak…da Engkena kudu kitu 
sab kanyaah ka anak jeung dunya mah pedah eukeur waktuna (dharma)na, narimana 
bari pinuh ku nganuhunkeun sab kabeneran kapake jadi lawang kanyaah hirup, ulah 
ditolak ulah dipiceun tarimakeun ngan lamun lain waktu/lain alamna ulah tuluy 
dikeukeuweuk, sing bisa ngatur mernahkeun. Tah di nu maha hirup aya nu leuwih 
ti saukur eta..enya keur hirup oge kaalaman lain saukur jadi 
bapa/indung..ngalaman jadi budak jadi aki/nini, jadi guru jadi murid jadi 
beunghar jadi miskin wah cape nataana warna warna rasaning dunya nu bisa karasa 
ku dasaindriya komo nu saleuwih ti eta loba loba deui.

bisa kaharti (meureun?) naon sababna Sang Khalilullah dipasihan dodoja meuncit 
(sasat kedah miceun/mutus kanyaah ka) putrana nu ngan hiji hijina da kanyaah 
eta teh gede pisan pangaruhna nepikeun ka putrana dipasihan nami Isma (nu 
diridoan) EL panginten bakat ku bingah sareng atohna nampi gaduh putra…didoja 
supados tiasa miceun katineung kanyaah nu kuat pisan pangaruhna kana jiwa teras 
supados pengkuh (takwa) ikhlas nurut kanu Maha Hirup nu ‘eusina-usikna-petana 
nyaah asih’ teh lain saukur kawas nyaah ka anak mungkul tapi ngawengku kanyaah 
kaasih sa rat jagad alam buana. Moal bisa kahontal lamun hiji jalma katalimbeng 
ku katineung kangeungeunahan kabeubeurat salah sahiji/sadua rasaning dunya 
betah jeung butuh ku saukur hiji dangdanan rasa dunya nu anyar anyar kapanggih.


Heueuh lah…. Tapi ieu teh can ngajawab kabeh pananya diluhur…. Naon gunana 
dewek nurutan? Enya bakal deuheus? Naaaa dina Sang Khalilullah tiasa pengkuh 
mah gening ari prak bade midamelna bet diganti ku sato? Naha ieu conto ku sato 
(keur ngaganti meuncit budak kanyaah) teh saukur nyokot gampangna bari telenges 
ka sato? Atawa memang bijil tina kasasmitaan?

(urang kintunkeun terasna..upami pareng)

baktosna
Eddy Nugraha


      __________________________________________________________
Coba Yahoo! Messenger 10 Beta yang baru. Kini dengan update real-time, 
panggilan video, dan banyak lagi! Kunjungi http://id.messenger.yahoo.com/

Reply via email to