Naha Kacamatan ? Ieu mah paling2 Kantor Suku DinasP2K ?. IMB secara Resmi
dikaluarkeun ku Kantor Walikota atanapi Kantor Bupati (aya Kop
Surat/Sertifikatna). Biasana anu renced teh eta dina Gambar bestek...kudu
kitu kudu kieu..utamina supaya gambarna ti manehna nu nyieun..Ari tarif mah
aya standard per M2. Mun teu lepat ngait kana status tanah HGB atanapi SHM.
Tapi ketang ieru mah di kabupaten Tanggerang tatangga Bogor..

On 12/1/09, tantan hermansah <sariak.lay...@gmail.com> wrote:
>
>
>
> Ass,
> Baraya, kuring teh keur rada baluweng.
> Sabab imah anu dicicingan teh hayang loyog antara wangunan jeung IMB-na.
> IMB teh ijin mendirikan bangunan.
> Niat teh, salian ti diajar taat, sugan bae bisa 'disakolakeun' eta
> sertipikatna.
> Sanggeus tatanya kira2 sabaraha, kuring meunang inpo yen ngurus IMB
> perubahan mah, teu badag.
> Kira-kira 300 tepi ka 500rebu mah.
> Tah, sanggeus aya inpo kitu, kuring biur we ka Kantor Kacamatan Tanah
> Sareal bogor.
> Tapi, barang disogrogkeun perkara biayana, rada ngagebeg oge. Sabab:
> 1. Aya biaya retribusina Rp. 10rb per M2. Kuring bakal keuna Rp. 760rb.
> 2. Biaya tanda tangan Pak Camat, Rp. 300.000.
> 3. Biaya administrasi (can diomongkeun).
> 4. Biaya survey jeung biaya gambar anyar.
> Total kira2 Rp. 1500,000
>
> Sajuta satengah?
>
> Tah baraya, cing aya anu gaduh pangalaman siga kuring? Naha leres ari IMB
> di bogor taripna sakitu?
>
> Nuhun
>  
>

Kirim email ke