Muhun ayeun di Hamburg deui, kempel deui jeung keluarga.
Mang J sok atus seriuskeun ka Hamburg, nginep di rorompok, teras enjingna 
jalan2 kuma hoyongna, musium?, perpustakaan?, view Hamburg (teu eleh alusna)? 
(Musium tutup dinten Senen), ke ku abdi di anteur ka Berlin, meungpeung abdi ge 
bade cuti ngawitan tanggal 21.

Trias.
HP: +49 40 176 4949 4447

--- On Fri, 12/11/09, ubur <mangja...@yahoo.com> wrote:

From: ubur <mangja...@yahoo.com>
Subject: Re: [Urang Sunda] re: Koleksi Tropenmuseum
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Friday, December 11, 2009, 11:07 AM







 



  


    
      
      
      

wah...ari soal kasimpulan perkara walanda-hindia belanda-indonesia mah mangga 
we da pastina masing-masing garaduh opini atawa pendapat. kitu deui soal tos 
nepi kamana nagara urang maju atawa berkembang atawa dibangun ku pamarentah 
jeung rahayatna. hehe



ngan nya kitu, ari soal babandingan mah cenah kedah apel sareng apel, atawa 
bisa oge kontekstual. cara ngabandingkeun indonesia jeung singapura. kurang 
cocog, sanajan singapura oge hiji nagara, tapi kelasna beda. indonesia mah 
gajah, singapura mah sireum. boh legana nagara, boh populasi. sok we ari noong 
peta, kadang2 pulau nagara singapura mah teu aya, kahalangan ku ngarana. haha. 



ayeuna di hamburg deui? kamari pan di Toullose perancis nya. nuju 
ngancer-ngancer bari ngirit, sangkan aya sesa kanggo jalan2 libur natal da 
pere. aya kang Joko Teguh di Bremen. di Utrecht aya Ayi Tarya, dosen 
Oseanografi ITB nu nuju S3, cenah istrina sakola di Bremen, kosna tatangga 
Teguh. Ayi sok ka Bremen ngalongok istrina dua minggu sakali. tah, bade ngiring 
Ayi ka Bremen, me teu talag tolog teuing. manawi pareng tiasa teras ka Hamburg, 
Berlin. mun tiasa mah teras ka Budapest hongaria, aya kolega ti jurusan mesin 
itenas, Dani Rusirawan, urang ciamis oge, nuju s3 di budapest. cenah nuju 
diajar sustainable energy, cara tenaga angin & surya.



--- In urangsu...@yahoogro ups.com, trias santosa <triassantosa@ ...> wrote:

>

> Janten kesimpulanana kumaha Mang J? Leuwih maju jaman dijajah atawa ayeuna? 
> dina harti ngabandingkeun Indonesia di tengah2 mancanagara. Lain 
> ngabandingkeun Indonesia baheula jeung ayeuna, teu kaci da eta mah beda 
> jaman. Nu jelas ukuran panggampangna. GNP jeung GDP tepikeun ka ayeuna angger 
> rangkingna ditukang, sanajan lain pangbocot.

> Teu kaci ngagulkeun tingkat kamajuan ti taun ka taun, ari tingkat kamajuan 
> nagara batur leuwih mucunghul. Ibaratna naek  mobil, heueuh urang bisa 
> kecepatan 120, ari batur bisa nepi ka 150, jadina angger we tinggaleun 
> jauh.  

> 

> Mang J iraha amengan ka Hamburg? sok atuh nyimpang meungpeug tos caket, 
> ngahaja ti Bandung ka Hamburg mah tebih.

> 

> Wasalam,

> Kang Trias 

> 

> --





    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke