Kuring satuju pisan ka na make ieu basa sunda loma teh; tapi ulah peureum 
sabeulah,
beunta sabeulah, hartina kudu dituntaskeun; mimitina nya eta na milis ieu pisan.
Urang kudu rada Revolusi, ulah Evolusi wungkul; da teu hade kana perkembangan
(asa maning ku bhs Indonesia ieu mah) Basa Sunda; kitu deui keur Bangsa Sundana.

Naon hartina Revolusi teh ? Nya eta lamun aya nu kurang "bener"; nya ulah asa 
asa
ku urang dibenerkeun. Ulah diantep. Mun diantep; nya Basa urang teh bakal hare2;
pan kurang hade tah.

Jadi kieu : Mun aya nu nulis bari teu pararuguh; teu kaditu teu kadieu; tah 
WAJIB 
ku urang TUDUHKEUN ka na Basa Sunda nu bener. Ulah diarantep. Tah mun ku 
cara kieu, bisa jadi Basa Sunda bakal uniform; sanggeuna kitu pan URANG SUNDA
bisa leuwih raket deui, lain ?

Upamana wae nu teu pararuguh teh kieu :
Abdi damang, cenah.
Ieu mah Basa Sunda LOMA teu ASUP; ka na UNDAK USUK teu ASUP !
Kapan teu pararuguh tah ? Matak sareukseuk nenjona .
Jadi kuring lain teu satuju ka na BASA Loma; tapi aya nu LELEMESAN Basa Sunda,
bari teu pararuguh. Sing bener we ATUH; mun rek make Undak Usuk; undak usuk
nu BENER; mun make Basa loma; tah gunakeun sing bener. Hartina kudu
KONSISTEN. 

Jadi sakali deui ku urang kudu ditungtun ulah diantep. salah nya benerkeun.
Model nyebut DAMANG bari teu puguh; ku urang tuduhkeun ku kecap Sehat !

Jadi mun nanya kumaha SEHAT? Jawabna sehat.
Ulah kumaha DAMANG ? Celengkeung teh dijawab : DAMANG nuhun cenah !
Mani jiga handap ASOR ! Puguh mah SALAH !
Tah kitu.

Kuring ti babaheula sok nuduhkeun nu bener soal UNDAK USUK Basa SUNDA !
Lain ngajar pikeun UNDAK USUK ngan lamun wae nyarita basa Sunda make
undak usuk; nya sing bener ! Mun make basa LOMA nya ALUS pisan; mun bisa mah.

Kade ULAH Salah SANGKA ! Lain kuring HAYANG ngomong make Undak Usuk !
Da Basa Laoma oge ALUS ! Ngan kuring teu resep nempo nu ngomong siga enya
handap ASOR; tapi ningnang. Da teu pararuguh tea.
Tah nu ku kuring sok dilelempeng teh lain UNDAK USUKNA; tapi KONSISTENNA
jeung bener ngalarapkeunana.

Mudah2an mj jeung baraya sakumna NGARTI naon nu ku kuring dipimaksud.

Abbas Amien
Nu masih ngarasa jadi Urang Sunda, masing tempat mah ngumbara di Balikpapan.
Malah meureun geus jadi Urang Balikpapan.






      

Kirim email ke