hampura, salah ketik. nu bener mah undak-usuk basa teh diringkes ka basa merenah. basa merenah kabagi dua, basa loma jeung basa lemes. basa loma pikeun nu geus loma, wawuh akrab, utamana sapantaran. basal lemes pikeun saluhureun.
merenah maksudna pikeun saha. nya akarna masih ti undak-usuk basa. tapi masalahna euy, malah kang ajip rosidi oge jadina ngusulkeun ka barudak oge pajabat, pake we basa sunda sabisana. teu kudu kahalangan ku soal undak-usuk basa eta. soal kang ajip nu ngusulkeun kitu bari manehna sorangan make basa merenah, kungsi aya nu ngeritik. haha. nya tangtu kang ajip baris make basa merenah, sabab manehna mah kolot, nu tatakrama basana geus napel kuat. usul kitu teh tangtu teu dihartikeun yen si kuring ka kolot ngomong, "bapa, kumaha sia cageur?" teu nepi ka dinya. sabab kalolobana urang sunda mah boga adat suradat ngahormat ka saluhureun, komo ka kolot sorangan. ieu mah lain soal kasta atawa feodal, dalah di nagara bule oge aya adat ngahormat ka saluhureun atawa kolot, sanajan rupana beda jeung di urang. perkawis revolusi berbahasa sunda, rada hese bah di lembur mah, bah. masalahna basa mah milik sarerea. malah tiap daerah baroga dialek atawa kecap-kecap nu has, rada beda ti daerah sejen. cara danas jeung ganas. atawa haling ku aing jeung halik ku aing. haha. haling ku aing mah murwakanti, ari halik ku aing mah make tasjid, pangaruh basa arab. cara ayat malikin nasi, pikeun ngakeul. haha nya let it be we. da basa mah hirup ku nu makena. puguh ge basa sunda teh hiji-hijina basa di alam dunya nu dipikasieun, ku inohong. sok we loba inohong nu ka panggung, biantara, di awal biasana nyarita kieu, "hapunten, basa sunda sim kuring kirang sae,janten bade ngangge basa indonesia bae." eta nu kabeulit ku persoalan undak-unduk basa bari teu usaha pikeun apal kamekaran basa, teu pede jeung mungkin memang ajrih ka basa indung. jadina sakral, ulah salah. padahal salah sapuluh alesan basa inggris dipake di dunya ieu: bisa dipake, kaharti, sanajan salah. hahaha geus ah, rek ulin di luar, keur usum salju. hahaha he love,kang Dian Tresna N teh diJerman Karlsruhe nya. ke urang noong googlemaps. sugan we bisa nganjang ka dinya. sugan pareng, sakalian ka Bremen, Hamburg, Karlsruhe..terus Berlin. susuganan bisa ngirit pangaluaran, ketang

