Upama noong film Denias, memang asa teu noong aya Monyetan, nu aya teh
Kuskus. Tapi cenah aya oge, monyet panjang buntutna:

"... (Cenderawasih Pos, Kampanye PSDA Alamaku, 26 September 2004)
Kera ekor panjang bukanlah hewan asli Papua, namun keberadaannya
terdekteksi dalam jumlah mencapai puluhan ekor dikawasan perbukitan
Skayline (sekitar 10 Km dari kota Jayapura-red) ..."
http://konservasipapua.blogspot.com/2007/07/spesies-macaca-fascicularis-kera-ekor.html
-mh-

2009/12/22 Waluya <[email protected]>:
> Minggu kamari kuring tas ti Balikpapan, biasa digawe dilapangan papanasan. 
> Ari digawe teh dibantuan ku sababraha urang pagawe lokal. Aya saurang pagawe 
> lokal, umurna geus rada kolot, digawena kedul pisan, ngan kaleuwihanana beuki 
> ngomong. Sagala diomongkeun kaasup cenah manehna kungsi ka Papua. Unggal 
> istirahat, nu dicaritakeun teh ngan Papua deui, papua deui.
>
> "Dimana Pa, di Papuana?", ceuk kuring teh kesel, da ngeceblek wae.
>
> "Di Papua, di deukeut laut", cenah, yakin pisan.
>
> "Eh ditanya teh, Papua teh lega, siga Kalimantan, Bapa dimana?"
>
> Manehna ngabigeu bingung, tanaga lokal nu sejen nyararengeh seuri, da meureun 
> sarua kesel, si Bapa ngocoblak wae. Sanggeus ngahuleng lila, kakara manehna 
> ngomong di Sorong, cenah. Tapi manehna teu kapok, pok deui ngomong, sakitu nu 
> sejen nyarengeh sinis teh.
>
> "Di Papua mah euweuh monyet!, saya teu manggihan. Nu aya urang Papua nu siga 
> ....."
>
> "Stop ..stop Pa, teu meunang kitu, urang Papua oge sarua jelema", kuring 
> gancangan motong, bahaya ieu jelema rada rasis.
>
> Jep weh manehna eureun ngomongna teh, era meureun ku kuring dikitukeun. Tah 
> nu jadi pikiran kuring NAHA NYA DI PAPUA EUWEUH MONYET? Padahal di pulo-pulo 
> sejen di Indonesia, monyet pasti aya, sanajan di Pulo leutik. Ari di Papua nu 
> kaasup Pulo panggedena di Dunya bet euweuh monyet. Kira-kira kunaon nya? Aya 
> hubunganana jeung teori Evolusi kitu?
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>

Kirim email ke