Rumor lamun hayang jadi PNS kudu KKN geus lila ayana. Duka bener henteuna mah, da hese ngabuktikeunana, maklum aranna oge "jalan belakang" alias susulumputan. Nu penting kumaha cara nyegahna. Ieu mah ceuk kuring kumaha lamun PNS teh saeutik wae, teu kudu loba-loba. Lamun pamarentah perlu tanaga mah make model "outsourcing" wae ..hehehe alias tanaga kontrak. Tangtu we niley kontrakna kudu gede, tepi ka si tanaga kontrakan ieu, bisa hirup jeung nabung keur mangsa kolot atawa mangsa "nganggur" kulantaran geus pegat kontrakna.
Lamun carana kieu pan adil, bakal loba nu kabagean ngasaan jadi pagawe pamarentah .... sanajan ukur dina jangka waktu tertentu. Baktos, WALUYA > dicky budiman <dickybudi...@...> wrote: > dulur, ulah dugi nyamikeun sadaya pns tiasa janten pns tina hasil > nyogok. nu abdi apal mah, aya oge nu memang murni lulus. karunya > barudak urang nu jarujur > salam

