Wilujeng...mugia salaswana aya tina panangtungan-Na. Awet dugi paketrok iteuk.
Sent from my BlackBerry® wireless device via Vodafone-Celcom Mobile. -----Original Message----- From: "mang jamal" <mangja...@yahoo.com> Date: Tue, 29 Dec 2009 15:04:42 To: <urangsunda@yahoogroups.com> Subject: [Urang Sunda] hatur nuhun baraya KUSnet...29 desember 2002 poe ieu, 29 desember 2002, tujuh taun kaliwat, si kuring jatukrami jeung anak mitoha aka indungna barudaks. nu pangheulna inget teh, salian anak mitoha oge dua incu mitoha, mitoha jeung kolot sorangan, oge baraya kusnet. sabab sasatna, baraya KUSnet, Ua Sasmita, Bah Willy, Bah Toto, kang Maman Gantra, kang Arovach Bachtiar, kang Oman Manar, kang Mamat Rachmat, ogenu sanesna, milu memeres urusan jatukrami si kuring nu kaitung telat. ti saprak nanyaan tug nepi ka prung kawin, oge resepsi. Ua Sasmita malah jadi saksi ti pihak si kuring. nuhun kana pangrojong baraya KUSnet, nu di bdg na, oge nu di jkt. da ongkoh si kuring kawin teh rada telat. umur geus 35. kanu acan, tong ditarurutan kawin telat :) fotona di simpen di file photo kusnet, urangsunda@yahoogroups.com, oge di facebook si kuring. http://www.facebook.com/photo.php?pid=395179&id=1438907396 geus boga bati dua, awewe wungkul 6 jeung 3 taun. keur meumeujeuhna kembang buruan. hatur nuhun. mj