Dina zaman kiwari loba pisan jelema nu nyekel Islam, tapi teu akur jeung Islam 
sejenna.
Lolobana mah soal furuiah; atawa soal2 ibadah; lantaran tiap jalma boga 
cecekelan
sewang2an, bari jeung nganggap cekelanana nu pangbenerna; nu sejen salah atawa 
kurang bener. Tong boro jeung batur, dalah jeung dulur pet ku hinis ge bisa teu 
akur; bisa2 teu
daek silih tanya2 acan. Akhirna mah teu dicekel we yen nu sarua Islam teh DULUR.
Lantaran naon ? Lantaran mun manehna ngarasa bener aing teu deungeun, mangka
hartina nganggap batur nyeleweng atawa teu Islam atawa mungkin oge nganggap 
batur KAPIR ! Padahal nganggap kapir ieu teh DOSA GEDE !
Kapan cenah Islam jeung Islam teu meunang pasea leuwih ti tlu poe !?
Ari ieu nepi ka saendengna !?? Kapan ngadorakakeun sarerea tah ?
Mun kitu mah boa Islam teh euweuh nu bener ?! Cek cohagna mah; atawa ekstrimna 
mah.
Pantes atuh Islam kaayeunakeun mah kurang barokah ?

Tapi masing enya ge kurang raket antara nu beda ibadah atawa furuiah; maranehna 
masih
keneh silih hargaan yen maranehna masih Islam. Tapi aya nu beda lantaran 
PRINSIP !
Tah ieu nu rek dibahas didieu teh.

Nu kumaha cenah beda prinsip teh ? Tah ieu contona antara Syi'ah jeung Sunni.
Tah kumaha cenah lalakonna ieu dua golongan nepi ka misah pisan ? Jeung ti iraha
eta pipisahan teh kajadianana ?

Waktosna Kangjeng Nabi pupus ( ieu make undak usuk basa Sunda lantaran urang
kudu ngahormat ka Nabi ; hartina ulah di TONGSAMPAHKEUN pisan UUBS teh da
masih aya gunana; ngan kudu merenah makena).tah waktos harita ari Ali sareng
anu sadar yen ngurebkeun Nabi penting, terus we ngaweredonan Nabi nu tos pupus;
ari Abu Bakar sareng Umar katut nu implut ka aranjeunna, ngayakeun sidang 
darurat,
lantaran cenah aya nu leuwih penting; nya eta bisi Umat Islam leungiteun 
pamimpin,
jadi ti ayeuna kudu ngayakeun babadamian pikeun estafet; lantaran cenah Kaum
Anshor keur taki2 rek nunjuk WAKIL ti maranehanana nu bakal ngagantikeun Nabi
mingpin umat ISLAM !!!

Komentar ti nu nulis : Saenyana mah matak naon nguruskeun heula nu pupus;keun
ari sidang PAMINGPIN mah bisa diatur engke; bisa keneh; jeung masih loba waktu.
Di dieu aya VESTED Interest; kaciri rebutan Kakawasaan teh ti dieu asal 
muasalna.
Lantaran harita saenyana mah aya umat Islam nu biluk ka Anshor ( jelas urang
Madinah); aya oge nu biluk ka Muhajirin pimpinan Abu Bakar jeung Umar; aya oge 
nu
hayang nempo Ali jadi pamingpin, masing enya oge pang ngorana; tapi pang 
deukeutna dina turunan; tah ku sabab kitu, sigana mah Abu Bakar/Umar sieun 
kapiheulaan babar;
terus we nguruskeun soal Pamingpin sapada harita ! Cul we soal ngaweredonan mah
diserahkeun ka Ali bin Abi Thalib.

Urang tuluykeun :
Carita na mah der we riungan soal Pamingpi. Teu dicatur hog hagna nu darebat, 
padahal
waruga Nabi masih aya keneh; terus we diadu argumen antara Abu Bakar/Umar jeung
Anshor; nu akhirna mah Muhajirin nu meunang. Nya Abu Bakar disatujuan ku eta
sidang; yen Abu Bakar nu bakal jadi Pamingpin gegentos Nabi.(Khalifah).

Atuh satutasna Nabi dikurebkeun, der wae nu biluk ka Ali bin Abi Thalib protes. 
Yen
eta sidang teu sah, lantaran teu ngajakan Ali ka na eta gempungan. Terus we Abu
Bakar pidato, caritana mah nganetralisir eta protes . Cenah kapimingpina Islam,
leuwih penting ti batan ngurebkeun Nabi ? Lantaran ieu mawa ka na kasalametan
Umat Islam sagemblengna ! Bisa perang sodara cenah !

Ari Ali mah, teu komentar naon2; ngan nu satia ka Ali teu tarima; maranehanana
tetep keukeuh yen Abu Bakar geus ngajalankeun hiji lengkah nu salah gede; sabab
moal matak nyontreng waktu cenah ngurebkeun Nabi teh; naha hayoh ngadon
ngayakeun gempungan ? Ana kitu mah Abu Bakar teh LICIK ! Ngalicikan Ali.
Lantaran saenyana mah Ali nu kuduna boga Hak mingpin Umat Islam teh lain
Abu Bakar ! Ku sabab sieun Abu Bakar ngayakeun gempungan nu teu dihadiran ku 
ALI !!!
Eta cekelan teh terus teu eureun salila Abubakar jadi Khalifah; terus golongan 
nu
ngadukung Ali teh nyaritakeun hiji riwayat yen Nabi Muhammad parantos nunjuk
Ali bin Abi Thalib ngagentos kapamingpinan; upamina wae Muahammad pupus.
Riwayat ieu kasohor pisan nya eta Gidir Kom tea.Tapi teu pati dipalire ku Abu 
Bakar
eta protes teh.

Akhirna nu ngadukung Ali misah, embung ngahiji jeung nu biluk ka Abu Bakar/Umar.
Maranehna misah, nu akhirna disebut golongan Syi'ah; nu embung berjamaah
shalat jeung golongan Abu Bakar/Umar. Harita mah can aya mazhab sunnah teh.

HANCA
ka Nabi !




      

Reply via email to