kagok teh geura hanca novel nu hijina deui geura, sarua karangan Khaled Hosseini
judulna "A Thousand Splendid Suns"
latarna ieumah di afgan wungkul. caritanaah teu eleh lah ku kite runner mah




________________________________
Dari: Roro Rohmah <roro.roh...@sidola.com>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Rab, 13 Januari, 2010 11:58:59
Judul: [Urang Sunda] Afghan

  
Afghan
 
Kuring resep ka hiji biduan jang Afghan. Keur mah kasep 
budak teh… ni lucu, irung bangir, pipi kempot, dikaca panon ….  Sorana nu 
halimpu matak  dedengeeun, komo mun dina bulan puasa sok ngahaleuangkeun 
niat puasa di wewengkon Kampung Daun, matak nyerep kana hate. Tapi, kuring mah 
lain rek ngomongkeun eta budak ngora, bae sina ngahaleuang… 
 
Karek beres maca buku “The Kite Runner” ditulis ku Khaled 
Hosseini, urang Afghanistan nu pacabakanana jadi dokter, dumuk di San Jose 
Amerika. Ieu buku ngagambarkeun dongeng  hiji kakuatan tina sosobatan, 
duduluran, silih asah, silih asih, silih asuh, silih pikanyaah, khianat plus 
kasangsaraan dua budak leutik Amir & Hasan. Nyokot setting di wewengkon 
Afghanistan & Amerika, digambarkeun ku Khaled kacida pisan alusna. Maca bari 
galo rarasaan teh, malah mah bari ngingsreuk ceurik sagala, miliuan sedih. Moal 
didongengkeun ah… sing teu rame…heheh. Pantes ieu novel jadi bestseller & 
meunang pangajen ti UNHCR.
 
Dina buku eta aya lakon antagonis nu ngarana “Assef”. Jadi 
inget ka bangsa urang, enya urang Sunda tea… rea pisan ngaran Assef = Asep. 
Kungsi ngadongeng hiji babaturan kuring, hiji poe manehna indit ka bank rek 
neundeun duit. Salila manehna nungguan nomerna dicalukan, manehna 
nitenan…
“Bapak Asep!...” ceuk teller. Beres ti dinya… manggil deui 
jelema.
“Bapak Asep!...” tellerna biasa keneh.. lila-lila…
“Bapak 
Asep!...” tellerna gogodeg, harita nu setor nepi ka lima kali, beda jelema 
ngarana Asep… heheh.
 
Salian eta manggih kecap Khosteep hartina tampan, tuh pan 
sarua pisan jeung basa Sunda? kasep = tampan. 
Jadi rada kerung, boa-boa Sunda jeung Afghanistan aya 
hubunganana? atawa ngan saukur kabeneran.
 
Cik baraya, manawi aya nu terang...
diantos 
pedaranana,
ro2
 
 
 

 
 


      &quot;Coba Yahoo! Mail baru yang LEBIH CEPAT. Rasakan bedanya sekarang! 
http://id.mail.yahoo.com&quot;

Kirim email ke