di lembur uingmah beda deui mang
jabar = jabar (sarua)
jeer = kajer
pees = kapes
jadi baheula uing keur di ajar ngaji kawas kieu
alif jabar a, alif kajer i, alif kapes u
lembur uing ayana di blok gunung herang desa sadasari kec argapura kab 
majalengka, ayana ditutugan gunung ciremai
duka teuing tah naha di lembur uing wungkul atawa lembur2 nu sejena ge sarua, 
si uing can pernah nalungting.
ngan asanateh (ieu ge mun teu salah, inget2 poho) harita basa keur sakola SD 
babaturan teh aya ti 4 kampung, da asanateh sarua kabeh.
tapi nalika nginjek SMP, si uing karek manggih nu ngarana jabar, jeer jeung 
pees. harita SMP nateh di Maja sasat beda kecamatan.
tah lamun no 2 asanateh teu mendakan di lembur mah

kitu meureu, cag ah....

Nana Suwargana




________________________________
Dari: mh <khs...@gmail.com>
Kepada: Ki Sunda <kisu...@yahoogroups.com>; Baraya Sunda 
<baraya_su...@yahoogroups.com>; Urang Sunda <urangsunda@yahoogroups.com>
Terkirim: Jum, 15 Januari, 2010 08:51:09
Judul: [Urang Sunda] Ngaderes - A-Ba-Ta?

  
Nyawang baheula keur diajar ngaderes, ari ngejah teh jiga kieu unina:
alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i  - u. Teu pernah aya
rasa kapanasaran, kunaon sababna ari ngejah teh siga kitu. Nya
dilakonan we ngaguluyur nuturkeun nu ilahar harita.

Aya rasa kapanasaran soal ngejah teh, waktu uing geus ka Bandung.
Pedah harita aya balad urang Cirebon keur ngawuruk ngaderes ka anak
tatangga. Ari si eta, ngejahna teh jiga kieu: alif fatah a, alif
kasrah i, alif dhomah u, a - i - u. Naha geuning beda, ceuk pikir uing
teh. Tapi ieu kapanasaran teh teu jadi papanjanga, ti harita pleng we
kapopohokeun.

Ngan jigana wae eta kapanasaran teh karekam, ka bawah sadar ingetan
uing. Nalika uing ngangkelung di sagara maya, manggih raratan, nu
jigana patali jeung asal muasal penyebar Islam di lembur urang.

Tah ayeuna uing rek survey, cing baraya inget-nget, nalika dia diajar
ngaderes make cara nu mana, diantara ieu:

1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i  - u.
2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u

Ngarah bisa noong sebaranana, cing terangkeun panalek ieu:

3. di wewengkon mana dia dumuk jeung diajar ngaders.

nuhun
-mh-

 


      &quot;Coba Yahoo! Mail baru yang LEBIH CEPAT. Rasakan bedanya sekarang! 
http://id.mail.yahoo.com&quot;

Reply via email to