Ngiringan ah* Margi abdi mah ti aalit di Batawi, janten ngaos di masigit teh nganggo : 3. alif atas a, alif bawah i, alif depan u, a - i - u. Gentos guruna, Mas Marsono urang Jawa nu amis budi, dilandih "si keom" da*sok keooooommm weh* heheh* 2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i * u OOT alias nyingcet heula : Emut keneh, uih ngaos teh sok "kekeingingan" hiasan plastik nu dicabutan tina tas rerencangan. Sae tuda, ditingali ti katebihan mani buricak burinong. Wangun eta papaes mangrupi bentang, buleud, bulan sapasi & pasagi, nya kantongna nu asalna full color janten burindil hihih Ngalih ka Wado, kaleresan diwurukan ngaos ku pun aki : 1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. kitu pangalaman abdi mah* ro2
>>> khs...@gmail.com 01/15/10 08:51AM >>> Nyawang baheula keur diajar ngaderes, ari ngejah teh jiga kieu unina: alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. Teu pernah aya rasa kapanasaran, kunaon sababna ari ngejah teh siga kitu. Nya dilakonan we ngaguluyur nuturkeun nu ilahar harita. Aya rasa kapanasaran soal ngejah teh, waktu uing geus ka Bandung. Pedah harita aya balad urang Cirebon keur ngawuruk ngaderes ka anak tatangga. Ari si eta, ngejahna teh jiga kieu: alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u. Naha geuning beda, ceuk pikir uing teh. Tapi ieu kapanasaran teh teu jadi papanjanga, ti harita pleng we kapopohokeun. Ngan jigana wae eta kapanasaran teh karekam, ka bawah sadar ingetan uing. Nalika uing ngangkelung di sagara maya, manggih raratan, nu jigana patali jeung asal muasal penyebar Islam di lembur urang. Tah ayeuna uing rek survey, cing baraya inget-nget, nalika dia diajar ngaderes make cara nu mana, diantara ieu: 1. alif jabar a, alif jeer i, alif pees u, a - i - u. 2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i - u Ngarah bisa noong sebaranana, cing terangkeun panalek ieu: 3. di wewengkon mana dia dumuk jeung diajar ngaders. nuhun -mh-