Kumaha mun menta bantuan. Viking?
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: oman abdurahman <omana...@gmail.com>
Date: Mon, 18 Jan 2010 10:18:47 
To: <kisu...@yahoogroups.com>
Cc: urang sunda<urangsunda@yahoogroups.com>
Subject: [kisunda] Gua Pawon-Ikon Gapura Kota Bandung ti Beulah Kulon arek Maot?

Warta di majalah tempo interaktif ngeunaan gua Pawon jeung lingkunganana
pikasediheun. Ikon kota Bandung - diantarana salaku tanda yen lamun urang
ningal pasir kapur anu patingjalegir di beulah kulon kota Bandung, eta
tandana urang geus rek anjog ka puseur dayeuh Parahiyangan - ayeuna keur
kaancam sakarat ku nafsu nambang anu tan aya wates wangenna. Ieu wartana:

http://majalah.tempointeraktif.com/id/arsip/2008/12/29/LIN/mbm.20081229.LIN129090.id.html

Kumaha ketak urang? lain wae pamandangan khas salaku ikon, gunung kapur
jeung lingkunganan di Citatah ieu ngandung catetan sajarah kahirupan
baheula, oge sababaraha tempat di ieu wewengkon ngarupakeun sumber cai
bersih keur kahirupan di sabudeureunana. Lian ti eta, upama pasir-pasir
kapur ieu ilang, bisa jadi iklim mikro kota Bandung robah pisan, bisa tambah
panas dina usum panas, atawa tiris pisan dina usum tiris; atawa ngondang
rupa-rupa ancaman bahaya saperti angin puyuh, jsb.

Mangga diantos saran ilubiung perhatosanana.

manar

Reply via email to