Ceuk Kang Dudi: "catetan keur kuring husus keur gondang di kbs mah nyaeta, naha 
lalakina rata-rata geus 'aki-aki'? padahal awewena mah wanoja-wanoja nu keur 
meumeujeuh sengserang panon? kuring timburu!!"
 
Catetan kuring: Matak diajar ngagondang, kang dud.. mun teu minat ulah hayang 
ka wanoja tukang ngagondang, rea timburuna..Atawa bisa jadi, kang dud wungkul 
nu timburu..kaleleban,,,hehe..
 
piss ah

--- On Mon, 1/18/10, Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com> wrote:


From: Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com>
Subject: [Urang Sunda] malem mingguan di kampung budaya sindang barang
To: kisu...@yahoogroups.com, "Urangsunda" <urangsunda@yahoogroups.com>, 
"baraya_su...@yahoogroups.com" <baraya_su...@yahoogroups.com>
Date: Monday, January 18, 2010, 1:58 PM


  



"rek nyubuh!", kitu cek babaturan basa poe jumaah sore tanggal 15 januari 
kamari ditanya jam sabara indit ka acara seren taun kampung budaya 
sindangbarang (kbs) kacamatan pasir eurih kabupaten bogor poe saptu, isukna. 
najan ari acara serentaunna sorangan mah geus dimimitian ti poe kemis mula geus 
ngomong ka babaturan, kuring mah rek datang dina saptuna wae.

kulantaran peutingna kuring kajongjonan ngobrol tug nepi ka janari, 
ancang-ancang deuk nurutan indit subuh, kapaksa bolay. panon teu bisa dipaksa 
beunta pasusubuh. biwirna masih karapet pageuh ku cileuh baseuh.

terus angkeuhan teh kuring bisa indit kira-kira jam tujuh isuk. ngan deui-deui, 
rarancang ieu najan geus saged kudu bolay. bareng jeung deuk jung mangkat, mega 
kulawu nu ti peuting ngahawukkeun langit sempur deui-deui nurun-nurunkeun 
hujan. najan ukur muruhpuy. ari keur nu ngaranna embe badot mah, nu cadu kudu 
babaseuhan, leuwih hade, najan geus ngaginding beak karep, kapaksa kudu tetep 
ngiuhan di jero kamar kontrakan, luhureun kasur deui ;-p

ngan ari geus panteng paniatan mah geuning sang alam teu burung ngidinan. ki 
puruhpuy ngelehan raat, kuring gura-giru bebenah deui. jam salapanan laju 
kabur. nuju ka kbs. teu kudu dicaritakeun lah di jalanna mah, da geus puguh 
macet palebah cikaret, angkot 05 nu dina kaca hareup ngantet tilu hurup: sbr, 
nu ditumpangan ti gigireun btm (bogor trade mal) teh mindeng karengkogkeun ku 
budak sakola nu pipilueun hayang numpakan, maturan kuring.

caritana mah, kira-kira pecat sawed kuring teh geus we anjog ka kampung budaya, 
di ditu geus nyampak jalema rea, kaasup dua babaturan, maranehna mah da geus 
aya di dinya ti jam 7 isuk kabiruyungan ngajeueung meuncit munding jeung acara 
'sedekah kueh'. sedekah kueh teh acara barudak lembur dinya marebutkeun 
kukuehan nu diwadahan dina nyiru nu ngampar di buruan kampung budaya, ngan 
tungtungna mah nu parebut lain wae barudak. ibu-ibu, oge jelema-jelema lian nu 
aya di dinya papada milu parebutan. acara jiga kieu di lembur kuring disebutna 
teh hajat uar.

sanggeus sedekah kueh, acara salajengna kakara der deui engke peuting, bada 
isa. nu ngarupakeun pintonan kasenian ti pangeusi kampung. atuh kuring nu 
kakara anjog teh kudu ngadagoan lila. ngarah teu karasa nungguan dieusian ku 
ngawadul ngaler ngidul.
--
bada isa, acara prung dimimitian. panggungna ngarupakeun hiji wangunan sisi 
kenca imah gede nu diaranan saung talu hiji-hiji midangkeun rampak kendang, 
gondang, ibing, jeung dogdog reog. puluhan nu ngadegdeg, ngalalajoan kabeh 
kahibur ku pintonan-pintonan eta. sora prokprok kemprok salawasna kadenge di 
mimiti jeung tungtung kabeh pintonan.

rampak kendang mintonkeun genep wanoja nu anyar jadi bulu mayang nabeuh teu 
asa-asa bari teu anggeus dibaur ku imut. eta barudak teh karek smp, cek mas 
sawab salasaurang urang kampung eta nu kabeneran lalajona diuk gigireun kuring.

rampak kendang rengse, ditema ku gondang. lima pasang awewe-lalaki sili tempas 
tembang. teu hilap nu awewe bari nakolkeun halu kana lisung. catetan keur 
kuring husus keur gondang di kbs mah nyaeta, naha lalakina rata-rata geus 
'aki-aki'? padahal awewena mah wanoja-wanoja nu keur meumeujeuh sengserang 
panon? kuring timburu!! heuheu. gondang rengse terus saung talu midangkeun 
sababara ibing, tari kreasi jaipongan. aya budak awewe pentil keneh, sd kelas 
handap geus jago ngigel, wanoja-wanoja nanggung, jeung saurang budak lalaki 
baleg tampele. sanggeus runtuyan ibing beres, pintonan kasenian dipungkas ku 
bobodoran dogdog reog.

diantara pintonan-pintonan di luhur aya dua nu bisa leuwih dikahareupkeun, keur 
nambahan bentang di langit peuting harita. nu kahiji juru ibing, budak lalaki 
baleg tampele tea nu umurna anyar bebelasan, nu ngajaipongan lagu 'kembang 
tanjung' kalayan hade. istimewana dimas, ngaran eta budak, teh diajar ngibingna 
estuning sorangan. ditambah manehna teh pireu jeung teu ngadenge deuih. atuh 
puguh we, beres dimas ngibing ger we nu lalajo surak jeung keprok meni ear. 

bentang panggung hiji deui nyaeta, reog dogdog. najan rea nu lalajo geus mulang 
eleh ku tunduh. opat pangdogdog hasil nyieun sesa nu lalajo tingcakakak najan 
harita layar dina nokia jadul kuring geus mucunghulkeun angka 11 mepet ka 12. 
tengah peuting sakeudeung deui nyanding. hiji pintonan kasenian nu ngarupakeun 
runtuyan tina seren taun sindang barang mungkas saptu kalayan sampurna. (duq)

nb: ieu aya oleh-oleh ti serentaun sindangbarang 2010 kamari, mp3 najan 
kualitasna mah teu goreng-goreng acan:

Gondang
Dogdog Reog

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk








      

Kirim email ke