Bungah asana teh, indit ka Davao Cyty Mindanau Filipina panggih rumah makan 
sunda.
Harita kuring munang pancen ka Davao City. Pareng bulan puasa. Ari milarian 
keur buka asa meuni susah. Maklum dimana-mana kadaharan teh taya nu sejen, ukur 
babi jeung celeng nu aya. Aya nu ngawartosan upami hoyong aman kedah di MANG 
INASAL.Kurng reuwas, naha eta teh urang sunda?
Barang jol, enya we asa di palemburan. Menu na teh sangu timbel, hayam 
goreng/bakar, sareng sayur haseum. Pedah teu aya sambel wungkul.
Cek beja eta retoran teh pangpayuna. Frechise na oge langkung ti saratus, 
ceunah.
Puguh we sim kuring asa bungah ari kitu mah.

Nusyamsuddin
Guru SMA 78 Jakarta


      

Kirim email ke