Naha, kapan aya SNI?

2010/2/5 MRachmat Rawyani
>
>   Kamari tanggal 3 Februari UI jeung Asosiasi Pengusaha Indonesia (APINDO)
> ngiketkeun gawebareng dina perkara atikan, panalungtikan jeung pengabdian
> pada masyarakat. Tah, dina pidatona teh Sofyan Wanandi (gegedug APINDO)
> netelakeun, yen Indonesia sataun kahareup geus kudu boga standarisasi dina
> perkara ngasupkeun barang jeung produk ti luar, utamana mah ti China.
> Sahingga barang-barang anu kualitasna goreng patut heunteu bisa asup ka
> Indonesia. Sabab barang-barang ti China asup ka Indonesia ampir teu aya
> hahalangna, barang-barang anu kualitasna amburadul oge mahabu minuhan pasar
> di Indonesia. Sofyan Wanandi mere conto, hp black berry (bb) anu asli
> hargana 4-5 jutaan. Tapi china bisa nyieun hp bb anu hargana 450 rebu. Ari
> konsumen mah pan teu nyaho nanaon, nu penting mah boga hp anu fasilitasna
> siga bb. Perkara 3 bulan terus rusak mah, teu jadi pipikiran pangusaha
> china. Tah ku ayana kitu, penting pisan upama paguron luhur ngabantuan
> APINDO nyieun standarisasi pikeun nyaliksik barang-barang anu asup ka
> Indonesia. Salian ti ngajaga mutu, oge supaya produk lokal heunteu kagiles
> ku barang-barang china. Ngan sataun wates pikeun nyieun standarisasi. Liwat
> ti waktu eta, nya urang kudu siap-siap narima barang "kacangan" ti luar.
>

Kirim email ke