ulah sakadar ngariung wae atuh.
tapi kedah aya buktos nu nyata 
sahingga garut jadi lebih maju ...

salam untuk sedulur2 di Garut

Arif Ramdan
Banda Aceh

--- On Sun, 2/7/10, tantan hermansah <sariak.lay...@gmail.com> wrote:

From: tantan hermansah <sariak.lay...@gmail.com>
Subject: [Urang Sunda] Riung Mungpulung Garut
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Sunday, February 7, 2010, 7:30 PM







 



  


    
      
      
      Nyanggakeun, tina mangle. http://majalah- mangle.com/
Punten, ari kuring kaajak teu?

Baktos
Tantan

Riung Mungpulung Garut


        Para mitra, 



Numutkeun rencana mah ping 18 Juli ayeuna di Pendopo Kabupaten Garut
bade lumangsung Riung Mungpulung Garut (Garut Summit) nu maksadna
nyusun pola pangwangunan Kabupaten Garut taun 2009-2014. Ieu riungan
teh ti ngawitan pokalna dugi ka prakna diayakeun ku Asgar Muda Garut,
para nonoman urang Garut nu ngawengku para mahasiswa sareng alumni
paguron luhur sapertos ti ITB, Unpad sareng sajabina. 



Jejer nu dibahas dina riungan teh, perkawis pariwisata, pertanian,
pendidikan sareng masalah Usaha Kecil Menengah. Nu ngiring kana riungan
diantawisna para pakar, pajabat, pelaku kegiatan kasebat bieu, para
inohong masarakat sareng masarakat umum. Kirang langkung nu ngariring
kana riungan aya kana 200 urangna. Saurna, pola pangwangunan kabupaten
Garut hasil tina riungan bade dipasrahkeun ka Pamarentah Kabupaten
Garut. 



Tangtos wae MANGLE ngiring bingah ku diayakeunana Riung Mungpulung
Garut teh, kumargi saestuna kagiatan sapertos kitu nu diperyogikeun
dina jaman larapna Otonomi Daerah mangsa ayeuna. Saban daerah kedah
giat ngalarapkeun Otda ku jalan sasarengan antawis masarakat sareng
pamarentah ngamajengkeun daerahna. Janten, jaman ayeuna mah teu tiasa
pasip ngantosan pangeprak ti pamarentah puseur, kumargi sabagian
kakawasaan parantos dipasrahkeun ku pamarentah puseur ka daerah.
Kukituna, masarakat, hususna generasi ngora kedah kagungan prakarsa
ngawangun daerahna sewang-sewangan. 



Janten, prakarsa Asgar Muda ngayakeun Riung Mungpulung teu kinten
pentingna tur tiasa dijantenkeun conto ku daerah-daerah sanesna. Cobi
geura upami saban daerah ubyag ngawangun daerahna, miang tina prakarsa
masarakat, hususna generasi ngorana, panginten bakal enggal kahontalna
kamamuran Tatar Sunda teh. 



Para mitra,



Majalah MANGLE minangka media massa Sunda nya tangtos wae kedah imeut
kana aspirasi masarakatna sapertos lumangsungna Riung Mungpulung Garut,
diantawisna. Kitu deui kagiatan masarakat di daerah-daerahna sanesna.
Tah, parantos ditataharkeun MANGLE ngintunkeun wartawan ngaliput
kajantenan bieu tur engke dipidangkeun dina MANGLE mangrupi laporan.
Salajengna diupayakeun oge sababaraha urang kolumnis medar sawanganana
perkawis kiat-kiat ngamajengkeun kota Garut. 



Tangtos wae, urang sadayana miharep sidang-sidang Riung Mungpulung
Garut ngahasilkeun pamikiran, usulan kongkrit nu tiasa ngungkulan
masalah-masalah nu ayeuna karandapan ku masarakat sareng pamarentah
Kabupaten Garut. Kitu deui, dipiharep pisan riungan sapertos kitu tiasa
diayakeun mayeng, naha saban lima taun sakali, upamina, sangkan
tangtangan-tangtang an pangwangunan kabupaten Garut tiasa kaantisipasi
ti awalna tur salajengna tiasa kapendak cara-cara ngungkulanana.
Potensi unggulan Kabupaten Garut dina sarwa widang, tatanen, atikan,
ekonomi, pariwisata apan bakal tiasa kamekarkeun ari mayeng pada
ngaroris mah. Nya riungan sapertos Riung Mungpulung Garut tiasa
nyumponan pameredih sapertos kitu. Salajengna riungan sapertos kitu
tiasa ngatik masarakatna sangkan siap ulubiung ngamajengkeun sarta
ngaraharjakeun sarakanana. Prung, ah!


    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke