Dina berita na mah tulisan (artikel anu sok biasa aya dina koran...) Sigana
mah kenging nyontek tulisan urang Ustralia. Meureun eta tarjamah kitu...Ceuk
abdi mah anu hebat eta anu manggihan artikel Urang Ustrali tea.........

On 2/11/10, MRachmat Rawyani <mrachmatrawy...@yahoo.com> wrote:
>
>
>
> Punten, ari pangemut kuring mah informasi dihandap kirang jelas, naha eta
> hiji tulisan teh hiji hasil panalungtikan (karya ilmiah) dimana aya
> kaedah-kaedah anu kedah ditaati, atanapi ngan sakadar hiji tulisan pikeun
> Jakarta Post wae. Pimpinan Unpar oge, kedahna mah sing atos-atos dina
> nangtoskeun hiji kaputusan ka akademisina. Tapi jigana memang kedah "keras".
> Soalna pan salami ieu paguron luhur, masih dianggap hiji benteng pikeun
> ngajeugkeun bebeneran sareng penjaga moral bangsa.
>
> Sakaterang sim kuring mah, aya hiji pangalaman di UI, dimana hiji  dosen
> bade diangkat janten Guru Besar, ngajukeun karya-karya ilmiahna pikeun
> ngempelkeun kum (nilai). Salah sahiji karya ilmiahna teh kanyahoan plagiat
> (nyontek) hasil panalungtikan batur. Tapi proses nangtoskeun hiji karya
> ilmiah palgiat teh ditaliti heula ku hiji tim. Diantara wae dina perkara
> topik  bahasan sareng kasimpulan karya ilmiah eta. Upama bahasan jeung hasil
> kasimpulanana dugi ka 60-90  % plek sami jeung karya ilmiah nu sejen,
> berarti karya eta teh plagiat. Kumargi karya ilmiah si dosen anu bade
> diangkat Guru Besar teh memang 70% sami jeung karya batur (urang luar),
> ahirna teu jadi diangkat Guru Besar. Asana teh harita oge media massa teh
> mani heboh pisan, margi si calon guru besar teh hiji "pesohor/selebritis"
> anu tos kamashur,  " kaceluk ka awun-awun, kakoncara ka janapria".
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani
>
> ------------------------------
> *From:* Waluya <waluy...@yahoo.com>
> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
> *Sent:* Wed, February 10, 2010 11:49:25 AM
> *Subject:* [Urang Sunda] Galak!
>
>
>
> Maca dina detiknews jeung koran, cenah aya kasus plagiat, niru tulisan
> batur, bari diaku meunang manehna, akibatna sang plagiatna ditindak tegas ku
> universitasna, gelar professorna diusulkeun dicopot ditambah dipecat "tidak
> hormat" jadi dosen. Walah galak euy, biasana di Indonesia mah lamun kasus
> kieu, ukur ribut sakeudeung, kadituna mah "damai-damai sajah".
>
> Prof Banyu Perwita, Guru Besar Hubungan Internasional FISIP Unpar, rek
> dipecat ku Unpar, gara-gara nulis hiji artikel di koran Jakarta Post, ari
> pek artikelna teh meunang niru tulisan Urang Australia. Akibatna Jakarta
> Post nyabut artikel ieu, Unpar nu ngarasa kaeraan, gancangan ngaluarkeun
> tindakan.
>
> Terus terang kuring salut, boh ka Jakarta Post jeung ka Unpar. Ceuk cenah,
> sanajan sakuliring bungking loba teu kajujuran, tapi di komunitas ilmiah
> mah, kajujuran kudu tetep ditanjeurkeun, sabab komunitas ilmiah sabenerna
> benteng pangakhirna dina ngalawan kateujujuran!
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>  
>

Kirim email ke