punten sanaos arang langki lebet kana ieu rembagan, sakedik palay mairan:
sakaterang abi mah IM ("persaudaraan muslim") ti Mesir anu intelek sareng 
moderat, diadegkeun ku hasan albana anu dipateni taun 1948. abdi kantos maos: 
himpunan dokter sareng ilmuwan di mesir anu berpengaruh dikokojoan ku para 
anggota IM.  ayeuna oge di mesir IM langkung moderat ku jalan rada kompromis 
sareng pamarentahan ku jalan jadi anggota legislatif sanaos henteu formal 
ngawakilan IM, tapi secara personal. kitu deui di yordan sareng sajabina.  dina 
gerakanana IM mah ngagunakeun proses bottom up, ngadegkeun islam dina individu 
(kepribadian islami), kulawarga teras ngalegaan jadi nagara. ku jalan kitu 
islamna nagara sareng dunya gumantung kana islamna individu-individu, da sistem 
mah moal tiasa dipaksakeun, numutkeun para pemikir IM (enya kitu??).
Hizbut Tahrir ("partai pembebasan") anu diadegkeun ku syaikh taqiyyudin 
annabhani malah katingali ku abdi mah politis pisan. ningali dina landasan 
gerakanana malah tina namina oge tos ngangge hizb 'partey'. hizbut tahrir mah 
ngaharamkeun pisan ilubiung dina pamarentahan kumargi dina pamadeganana, 
pamarentahan anu aya teh nganut sistem demokrasi anu pasalia sareng sistem 
syuro dina islam.
dina gerakanana HT mah ngagunakeun metode top down (istilah abdi). hiji-hijina 
jalan numutkeun HT nyaeta ngadegkeun khilafah, kakara sistem islam bakal 
nanjeur. islamna jeung taatna individu masyarakat kana ajaran islam nyaeta 
tanggungjawab khilafah anu parantos diadegkeun (carana???)
dina taun 90-an mah hizbut tahrir di indonesia oge ngaharamkeun demonstrasi 
margi dianggap eta bagian tina demokrasi 'sistem kufur'. kabehdieunakeun HT oge 
rada "ngaleehan" ku jalan osok ngayakeun demonstrasi oge jiga nu lian.
pami FPI saabdieun mah memang jigana murni indonesia, anapon dina karakterna 
mirip jigana mah mung nyandak inspirasi wungkul.
ieu mah mung opini sapangaweruh abdi wungkul...




From: Surtiwa 
Sent: Thursday, 11 February, 2010 07:07
To: urangsunda@yahoogroups.com 
Subject: Re: [Urang Sunda] Jawa Barat, Provinsi nu paling teu toleran dina 
agama?


  
Habieb Riziek teh .lere ngangken katurunan langsung ti klan nabi.....Ari dina 
perjuangan FPI na warna na teh pajeulit..Mimiti ngaku Non Politis ngan ukur 
gerakan moral dumasar kana Amar maruf nahi mungkar..Tapi teras deui rada 
politis sebagey pressure group anu nyorot pamarentah keur nyiptakeun masyarakat 
sosial anu ngajenan syariat Islam boh informil atawa konstitusionil..(ultimate 
sistim khilafah). Teras deui nungtut hak sosisal atas nama ummat Islam (duka nu 
mana)..yen Nagara kedah nyiptakeun masyarakat anu bebas tina kabathilan sareng 
kakufuran...jadi rada kentel oge nuansa politis sareng agamis (dakwah) na. Dina 
golongan Islamist (politis) di dunya ngan aya dua organisasi nyaeta HT anu 
tarajangna Konstitusionil (pusat di Jordan ?) sarengIM asal Mesir rada 
heuras(aliran konsepsi Sayyid Qutb). Ceuk Riziek FPI teu berafiliasi tapi murni 
manehna...NIngali garia katurunanna manehna Arab Mekah bisa disangka wahabbi 
...tapi ningali gerakan Islamist na ngaharib3 ka IM (rada heuras). Ari HT mah 
rada lembut sareng intelek  



On 2/10/10, Waluya <waluya2...@yahoo.co.id> wrote: 
    
  > Surtiwa <surt...@...> wrote:
  > Yah sapertos PKS oge cenah aya anu nyebat sempalan IM di Indo..tapi
  > duka..kitu deui sareng FPI anu ustadz disebat Habieb..tiasa wae 
  > sanes sempalan resmi..mirip2..ari tina tindakan sareng obrolan na 
  > mah mirip...sareng IM...kacuali dina sikep ka Ahmadiah anu 
  > benten...Aya hiji
  > rerencangan caket,isterina urang Arab saderekna Habib Riziek di 
  > petamburan.

  Bah, gelar Habieb mah gelar keur urang Arab nu "ngarasa" turunan Kangjeng 
Nabi. Gelar ieu lamun teu salah mah, aya di masyarakat katurunan Arab di Asia 
Tenggara nu umumna asalna ti Hadralmaut/ Yaman. (aya website komunitasna). Nu 
gaduh gelar "Habieb" oge, aliran Islamna bisa rupa-rupa, teu saragam. Ceuk 
sobat Pamajikan nu katurunan Arab, cenah urang Arab katurunan nyebut 
komunitasna teh "JAMAAH", sanes Ikhwan.

  Upami Habieb Riziek, sigana sanes perkara gelar Habiebna, tapi kumargi 
sakolana di Arab Saudi jadi wajar we seueur nu nyarangka "Ikhwan". 

  "Ikhwan" didieu sanes Ikwanul Muslimin nu lahir di Mesir, tapi 
kolompok-kolompok suku Badewi nu asalna di NAJD Arab Saudi, nu ngadukung ngilu 
perang waktu Raja Abdul Aziz ngaleupaskeun Arab Saudi ti kakawasaan 
Kekhalifahan Turki Usmani. Tapi kolompok "Ikhwan" ieu akhirna barontak oge ka 
Abdul Aziz, keur numpesna Abdul Aziz menta bantuan Inggris. "Ikhwan Arab Saudi" 
ieu aliranana Wahabbi ...

  Ceuk cenah eta oge ....

  Baktos,
  WALUYA






Reply via email to