Mh, kg Abbas oge baraya sadaya, Ngeunaan jujumlahan mah kumaha kriteriana lain? kumaha basisna ceuk matematika mah :). Kuat sangkaan kuring yen kriteria anu digunakeun dina warta anu diteruskeun ku Mh teh eta kriteria wisata alam ceuk atawa dumasar anu geus diinventarisasi atawa dimekarkeun ku Perhutani. Tegesna: wisata alam anu sacara lahanna eta aya dina kakawasaan perhutani (dumasar undang-undang hukup positif tangtuna oge). Upama nuturkeun kriteria nu sejen, moal boa leuwih ti 118 atawa kurang ti 118 lokasi. Aya sabaraha kriteria kira-kirana anu bisa digunakeun? kuduna mah kriteria teh hiji wae, ti Dinas Pariwisata, tapi kriteria anu hiji ieu geus ngawengku sakabeh lokasi wisata alam dumasar disiplin elmu (pertanian/perkebunan, geologi/vulkanologi, biologi, hidrologi, laut jst; atawa -upamana - hobby para pecinta alam).
Upamana, ceuk geologi, bisa jadi leuwih ti 1000 lokasi wisata alam teh. Dina buku data dasar geologi wae aya 6 kawasan gunungapi aktif (jenis A) penting di Jabar ( Gede, T. Parahu, Papandayan, Galunggung, Guntur, Cireme); tacan lamun diitung jeung gunung aktif tipe B jeung C jeung gunungapi anu disebut tos teu aktif (Talagabodas, Patuha, Cikuray, Burangrang, jrr deui sakumaha Jabar memang kasebut kawasan gugunungan). Tiap gunung mibanda kawasan wisata (potensi atawa anu geus jadi) leuwih ti hiji. Upamana, kompleks Gunung Guntur, lian ti aya kawasan hulu cipanas (jungkiringna pasir anu diwangun ku batu harideung, tonggoheun Cipanas), oge aya wisata kawahna. Beuki gede hiji gunung, tambah loba potensi wisatana. Contoh lain, kompleks G. T. Parahu, minimal mibanda 3 kawasan wisata: lamping anu ka kidul, sabudeureun kawah jeung kawahna, jeung lamping anu ka kaler. Saterusna, potensi wisata geologi lain ukur gunung, tapi bisa jadi rupa-rupa wangun alam anu mibadan ajen khusus, upamana wae: guha-guha alam, alur walungan di hiji DAS (daerah aliran sungai) anu raltif masih utuh tur mibanda daya tarik alam; atawa jenis batuan tinangtu anu ceuk paelmuan jarang kapanggih jeung ajen ilmiahna luhur (batu merah di Tasik kidul, formasi Ciletuh di Sukabumi anu mangrupa bukti subduksi baheula anu kaungkab tur aya di darat dina mangsa ayeuna). Ngeunaan hal ieu, kang T.Bachtiar sareng kang Budi Brahmantio aktif pisan boh ngadamel buku atawa media sosialisasi sejenna, oge ngaheuyeuk komunitas pecinta alam, khususna wisata alam berbasis kebumian (geowisata). Dina buku "Geowisata Sejarah Bumi Bandung" (terbitan Badan Geologi) atawa versi anu leuwih populerna anu diterbitkeun ku penerbit Truedee (punten sanes promosi ieu mah) anu judulna "Wisata Bumi Cekungan Bandung" aya 9 jalur geotrek (jalur penelusuran wisata--singgetna: jalur wisata) di sabudeureun legok gede (cekungan) anu disebut Bandung teh. Sedengkeun di Jawa Barat, tempat anu saperti Bandung (anu ngandung atawa mibanda potensi geowisata) lain hiji -dua, neba, bisa disebutkeun unggal Kabupaten boga. Diskusi napak tilas geotrek geowisata Bandung ti kang T Bachtiar aktif pisan di Facebook. Sajauh ieu urang can ngobrolkeun wisata basisir jeung wisata perkebunan (upamna wae: kebon enteh) anu jumlahna oge teu saeutik. Ngan, memang, sababaraha kawasan (potensi) wisata alam tangtuna oge aya anu padempet (berimpitan) antara sababaraha disiplin elmu atawa otoritas pengelolaan lahan/kawasan. Upamana, lokasi guha-guha jeung wisata alam pegunungan umumna dikawasa ku (baca: otoritas ngokolakeunana aya di) Perhutani atawa Dinas Kehutanan (pikeun kasus hutan lindung). Anu penting, di pihak Pamarentah, satemenna, kudu aya koordinasi diantara pirang-pirang dinas atawa instansi Pamarentah anu mibanda otoritas, tur babarengan ngokolakeun hiji tempat anu mibanda potensi jadi tempat wisata alam anu ekonomis. Lebah dieu sabenerna teu kudu kaluar modal gede, sabab, loba pihak swasta atawa BUMN anu bisa diajak gawe bareng. Aya hal anu leuwih penting deui. Ceuk elmu widang wisata alam atawa ecotourism, wisata alam teh baris mekar upama urang mere pemaknaan jeung empati ka alam sabudeureun urang, sakumaha wae leutikna atawa heureutna eta lahan/alam. Laju, ngaheuyeuk kelompok pecinta wisatana bari terus ngalakukeun sosialisasi. Usaha-usaha anu ayeuna enggeus jeung eukeur disorang ku kang T. Bachtiar saparakanca geus aya dina ieu tatapakan. Aspek ekonomina oge (boh keur anu ngokolakeun atawa keur masyarakat satempat) ngaronmgheap. Teu rek kitu kumaha, eta kelompok (10 nepi ka 20 urang; bisa jadi leuwih loba deui mun keur rame peminat mah), upamana, sabulan sakali lunta bari jalan-jalan ka lahan-lahan wisata alam sabureureun Bandung. Nalika keur ngayakeun napak tilas eta geotrek, tangtu aya dana anu dibalanjakeun pikeun karcis asup ka lahan wisata, atawa pikeun jajan ka anu dagang anu biasana neba di sabudeureun lokasi wisata. Duit - mun kudu sahinasna ngomong - oge nya tangtu muter ti kota ka pakampungan. Lain anu kitu geus kaasup manfaat tina wisata alam? Cag heula. baktosna, manar (oman abdurahman) 2010/2/22 mh <khs...@gmail.com> > > > Bejana Jabar boga 118 kawasan wisata alam. Cing sugan aya nu apal, eta > nu ngaratus teh wisata alam naon wae nya? > Kadang-kadang beja koran teh sok kurang informatif, keur bacaan umum > hayoh ukur ngasongkeun angka statistik. > Jadi kurang aya gunana keur umum mah, nitah ngapalkeun angka. > > ====== > Jabar Miliki 118 Wisata Alam > Senin, 22 Februari 2010 , 02:27:00 > TASIKMALAYA, (PRLM).- Jawa Barat saat ini memiliki 118 objek wisata > alam, 70 buah objek telah bisa dimangfaatkan pengelolaannya, di > antaranya hutan mahoni yang kini dijadikan lokasi rest area Urug > Kawalu. Hal itu dikatakan Kepala Perhutani Unit III Jawa Barat, Ir. > Bambang Setiabudi saat pembukaan wahana baru wisata hutan di > Kelurahan Urug Kec. Kawalu Kota Tasikmalaya secara resmi dibuka pada > Minggu (21/02). > > Bambang menjelaskan untuk objek wisata Urug Kalau, Perhutani hanya > menyediakan kebutuhan lahan saja, sementara pengembangannya dilakukan > oleh Pemkot Tasik. Kucuran anggaran pembangunan yang diajukan pemkot > sedikitnya Rp 7,3 miliar yang digulirkan untuk 5 tahun ke depan. > > Tahapan pertama pihaknya menggelontorkan Rp 550 juta, untuk pembukaan > reast area. "Nantinya akan dibangun area parkir, gazebo, kios-kios dan > dan Pusdiklat Al-amin. Sistemnya bagi hasil antar kita dengan pemkot," > jelasnya. > > Sementara itu, Ketua DPRD Kota Tasik, Drs Otong Koswara, yang > kebetulan hadir dan ikut dalam team motor adventure trail menjelaskan, > hutan alam yang dikembangkan sebagai objek wisata tentu membawa dampak > positif dan negatif. Oleh karena pihaknya harus merancang pengembangan > rest area Urug tersebut dengan matang. "Jelas mesti matang, terkadang > objek wisata sering dipakai tempat maksiat. Dan kita mesti awasi itu," > ujarnya. > > Kehadiran rest area urug, menurut Otong, akan lebih membawa dampak > pendidikan positif bagi masyarakat, jika pengelolaannya tertib. Namun > dirinya menyayangkan bila memasuki objek wisata itu, masyarakat > dikenakan tarif masuk yang mahal. "Dikarcis boleh saja, asal jangan > terlalu mahal. Imbasnya nanti tidak akan dilirik dan sepi," katanya. > (A-14/A-26).*** > > Web: http://pikiran-rakyat.com/index.php?mib=news.detail&id=128975 > >