Rampes!!

Sentra produk kulit ayana di Sukaregang, pami ti Pengkolan (puseur kota) mah
lempeng bae ka wetankeun sapanjang Jln. A. Yani. Perkawis pangaos,
sakaterang mah wajar. Upami bade nawis, mangga tawis da hak nu meser. Tapi
omat ulah sasangkleng, da memang awis ge awis ku bahanna, etang2 kanyaah ti
sasama sakaligus ngarojong produk bangsa sorangan.

Oleh-oleh sanesna tiasa dipilari di Jln. Ciledug (ti pertelon Pengkolan ka
kidulkeun). Di sentra oleh-oleh (caket masjid) tiasa milari rupi2 katuangan.
Upami aya minat kana batik, tiasa milari batik Garutan (tulis & citak) di
Kampung Sisir, asup gangna ti Jln. Ciledug ampir pas tutugan Jln. Siliwangi.
Tah, mun pasosore/peuting, di Kota Rametuk ieu salira tiasa oge milari
katuangan/jajanan di warung2 tenda anu katelah Pasar Ceplak. Perenahna di
sapanjang Jln. Siliwangi antara parapatan Jln. Cikuray & pertelon Jln.
Ciledug.

Ngarah kaimpleng lebah2na, tiasa ditingalian di Google Earth atawa
Wikimapia. Bade ka Garut iraha, Kang?

sikandar
kumincir.blogspot.com

2010/2/22 Nana Suwargana

>   Sampurasun baraya...
>
> Seja nuhunkeun tulung ka urang garut khususna atanapi saha wae nu uninga
> ngeunaan sentra karajinan kulit digarutna dipalih mana nya? anu kualitasna
> lumayan tapi hargana teu patos awis.
> patarosan nu kadua mah perkawis kuliner di garut, aya naon wae nya anu khas
> garut salian ti dodol, sareng lokasina aya dipalih mana
>

Kirim email ke