maksadna kedah kumaha nagara teh kang encep? di jaman kiwari mah, sadayana
kudu jelas buktina. saurna bukti nu pangkuatna teh bukti tinulis. tangtos
kawin siri nu mung ukur ngangge sarat sah agama teu gaduh dokumen tinulis
sah sacara nagara kanggo ngurus dokumen-dokumen nagara sejenna, misal akte
kalahiran anak, katepe, surat tanah, surat waris jsb. ku kituna di hareupeun
nagara, sanes di hareupeun Pangeran, anak hasil nikah siri sami sareng anak
hasil kumpul kebo atawa hasil kacilakaan. janten mun mutuskeun mung bade
nikah siri, nya mangga raoskeun we, sesahna ngurus dokumen nagara.

--

aya sababara hal nu ngasangtukangan hiji pasangan nikah siri. aya nu kapaksa
ku sabab nikah ka kua mah mahal, seueur punglina. saur sababara beja nu aya
di internet, saleresna beya nikah di kua teh mung ukur 35 rebu, mung kusabab
katambah ku pungli ieu beya teh ngajaul nepi ka jadi 400 rebu. tangtu keur
nu teu mampuh mah hal ieu bisa ngadadasaran milih nikah siri wae. dina kasus
ieu, nagara nu salah, bisa disalahkeun. kuring mah satuju mun manggih
pasangan nikah siri cara ieu kua geura ngaku, geuwat catetkeun bere dokumen
sah yen ieu pasangan teh tos nikah. sareng mun bisa mah kawin di kua teh
gratiskeun we.

kasus sejenna nu ngadadasaran milih nikah siri nyaeta, embung katohyan kawin
deui kunu kolot!! dina ieu kasus pisan kuring teu satuju kana nikah siri.
TEU SATUJU PISAN!! komo mun awewe nu dikawin ku lalaki model kieu teh teu
nyahoeun/teu dibere nyaho yen bakal dikawin nu geus boga pamajikan.
alesan-alesan jiga 'tinimbang jinah', teu bisa ditarima di dieu mah alias
BURKOK!!!

dudi

2010/2/28 Encep <kands1358...@yahoo.com>

>
>
> Satuju kang waluya, maenya nu kawin kudu di hukum atawa di denda, asa ku
> araraneh, samentara anu profesina nu gunta ganti pasangan pikeun neangan
> kasenanagan jeung alesan sejenna diantepkeun.
> Ceuk kuring mah, ari aturan anu tos aya di agama mah teu bisa di robah,
> tapi anu kudu dirobah mah aturan manusa na. Sarua jeung urang boga kopeah
> sereg, lain sirahna nu kudu dileutikan, tapi kopeahna di gedean, sanes kitu.
> Cenah ceuk beja mah, anu kolotna ngalakukeun kawin siri, budakna moal bisa
> nyieun akte kalahiran. Naha atuh bet dipersulit, ganti aturanna, da eta mah
> meunang jelema, supaya budak nu teu tuah teu dosa ulah jadi korbanna.
>
> --- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, "Waluya"
> <waluya2...@...> wrote:
> >
> > Kawin cenah ibadah, kulantaran kitu "ngahalang-halang" nu rek kawin
> hartina ngalanggar HAM. Perkara eta rek kawin dicatetkeun ku nagara atawa
> moal, kumaha niatna wae. Alesan ieu kunu nu disebutkeun sering nalak RUU
> ngahukum nu nu rek ngalakukeun kawin siri. Disebut agama Ceuk nu aya kawin
> cukup Sah wali jeung 2 (urang) saksi.
> >
> > Hanjakal pisan kulantaran alesan ibadah sabenerna ieu mah teu kuat, sabab
> ibadah oge, salian perkara kawin, tetep kudu mamawa nagara. Paling log / nu
> katingali dina munggah Haji. Visa Nyieun paspor jeung ti Arab Saudi syarat
> lain keur munggah haji, tapi sing saha wae urang Indonesia nu rek ibadah
> haji, paspor kudu jeung nyieun Boga Visa. Nu teu jeung Boga paspor visa,
> siap-siap kita "ditalapung" ku imigrasi Arab Saudi. Anehna teu aya nu protes
> soal ieu mah, Naha ari perkara
> > Eseks-eseks taruhan jadi rame jeung dihubung-hubungkeun jeung ibadah?
> >
> > Kuring sorangan teu satuju lamun kudu kawin siri dihukum / didenda.
> Alesanana gampang kita, kumpul kebo ge nu teu dihukum / didenda, Naha kawin
> siri nu sagala kudu dihukum. Cukup kita Dianggap "kumpul kebo", engke oge
> karasaeun ku sorangan, kumaha lamun teu Boga dokumen-dokumen nagara nu Sah,
> lir ibarat nu tapi niat ibadah haji jeung teu mawa teu Boga Pasport visa
> ....
> >
> >
> > Baktos,
> > Waluya
> >
> ___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke