baraya, bilih aya nu bade nulungan urang indramayu nu bade kaleungitan hiji warisan budayana nu mangrupa sapeti wayang cepak nu umurna geus ratusan taun cenah.
kuring manggih info ieu ti facebook, basa ningalian profilna saurang babaturan. teu kahaja asup ka facebookna rofiqoh djawas, jigana inyana teh asli ti indramayu. cek manehna, inramayu baris kaleungitan hiji warisan budayana. sapeti wayang cepak antik boga hiji seniman indramayu bakal dilego 100 juta ka luar nagri. perhatian pamarentah, gegeden, jeung jalma beunghar di indramayuna cenah teu aya pisan kana kajadian ieu teh. ku kituna bilih aya wargi nu gaduh perhatian kana masalah ieu, tiasa ngahubungi ka rofiqoh djawas ieu. sugan we teu acan kaburu ka luar nagri, da postingna ka fb teh tos ti tanggal 21 februari kamari: gambarna aya di dieu: http://www.facebook.com/#!/photo.php?pid=774013&op=1&o=global&view=global&subj=1363814430&id=1610271667&fbid=1296826473325 profile rofiqoh djawas: http://www.facebook.com/rofiqoh.djawas nuhun -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk