hatur nuhun Bah.

Baktos
Tantan

2010/2/28 Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com>

>
>
> Ayeuna sim kuring rek nyoba2 ngadeskripsikeun hartina hiji2 ; sok we kaci
> dibantah,
> teu nanaon; da memangna kudu kitu.
>
> 1. tiseureuleu = tisorodot
> saeutik meureun bedana teh.
> Ari ti seureuleu mah di na taneuh nu relatif datar; ari tisorodot mah ti nu
> rada luhur
> taneuhna labuh ka handap. Ari ti seureuleu mah ku sabab leueur meureun; ari
> tisorodot
> mah nyekel naon wae teu ka cekel ; leungit kasaimbangan, terus nyorodot
> mudun;
> tapi biasana teu jauh teuing antara taneuh nu luhur jeung nu handap teh.
> Kacilakaan
> atawa labuh nu kieu relatif teu pati ngabahayakeun.
>
> Wuaduh hese geuning nya, nyieun definisi teh. Padahal kakara hiji kecap
> tah.
> Wah euweuh curek diluhur di na komputer; jadi hese ngabedakeun mana kecap
> nu hartina
> bagian ti na kalimah; mana kecap nu hartina sarupaning kadaharan.
>
> 2.tijongjolong. Cenah di Ciamis mah cek kang Adiprana tijolongjong.
> harti kecap ti geus jelas teu dihaja. Tapi masalah jongjolong atawa
> jolongjong nya
> nu bener ? Da geuning Kang Adiprana mah teu apaleun, naon cenah
> tijongjolong teh ?
> Asa babari keneh titatarajong nya ?
>
> Keun we lah pokona ETA we.
> tijongjolong teh leungit kasaimbangan, biasana lain nincak nu leueur, tapi
> meureun
> kasarimpet ku hiji barang sukuna; jadi maju kahareup bari sosolotokan teu
> imbang;
> tapi teu bari labuhna, jadi teu tigubrag, ngan nyolotok we ka hareup.
>
> 3. tikusruk - ieu ge labuh ka hareup; ngan pasti ti gubragna. Pasipatan
> tigubragna
> di na tikusruk mah sirah heula nu asup ka na lokasi labuh; biasana ka na
> jukut atawa
> jarian; bisa oge labuh teh ngarontok .......................eta munding.
> Hehehehe.
> Ngan lamun tikusrukna ka jalan aspal atawa koral tah tangtu bakal tatuna.
> Bisa oge labuh nu kieu mah diopname di RS.
>
> 4. tigolepak - tah ieu mah labuhna nyangigir biasana mah.
>
> 5. tigulitik - oge labuh ka gigir ngan rada leuwih golepakna ti batan
> tigolepak
>
> 6. tigogolepak - leuwih loba golepakna ti batan tigulitik
>
> 7. tigugulitik - leuwih loba golepakna ti batan tigogolepak
>
> Hanca lah. Sok mangga saha nu bade ngadeskripsikeun deui ?
> Atanapi mangga upami aya nu kirang satuju ka na definisi sim kuring.
> Mangga diantos
>
>
>
>  
>



-- 
tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan Kebahagiaan
I Bogor

Kirim email ke