Patung Putri Duyung

Mang Jamal


Dina salah sahiji kaléng biskuit nu katelah biskuit Dénmark sok aya gambar
patung Putri Duyung. Nu ngaran putri duyung téh cenah mangrupa mahluk nu
kaluhurna wanoja, kahandap lauk, kumplit jeung sisit oge buntut. Ari
patungna, ditempatkeun sina anéprok luhureun batu, di sisi basisir kota
Kopenhagen, persisna di wewengkon Langelinie, Kopenhagen Kalér. Di éta
nagara, Putri Duyung disebutna Den lille Havrue, basa Inggrisna mah Little
Mermaid tea. Munggaran ditempatkeun di dinya jeung diresmikeun tanggal 23
Agustus 1913. Bahan patung teh tina perunggu.

Leutik
Unggal turis nu ngahaja datang ke tempat patung Putri Duyung éta, sanggeus
jonghok, biasana karagét. Ucapan kaget nu umum biasana mah, “Geuning
leutik?” Enya, sanajan kakoncara kamana-mana, sabenerna patung Putri Duyung
téh kaitung leutik, ngan ukur 1,25 meter jangkungna (da keur anéprok tea)
jeung beuratna 175 kg. Make batu pangdiukan sangkan rada jangkung méh
gampang katenjo ti kajauhan. Perenahna rada anggang ti jalan, kudu turun ka
basisir nu diamparan batu.       
        Soal leutik mah nya meureun nyaluyukeun karep jeung nagara Denmark
nu teu kaitung gede, boh legana nu sigana ngan sagede propinsi di nagara
urang, oge populasi wargana nu ngan ukur 5,5 juta jiwa. Ngan kubisana
promosi kamana mendi, patung leutik kitu patut jadi kakoncara jadi tangara
kota Kopenhagen jeung malah jadi tangara nagara Denmark. Teu éléh ku patung
nu baradag di dunya cara patung Liberty di New York, munara Eiffel di Paris
komo jeung Monas di Jakarta atawa patung panglima Angkatan Laut di Surabaya
nu teu kadengé promosina pikeun jadi tempat jugjugeun piknik alias wisata
téa.
        Nu nyieun patung Putri Duyung éta, seniman patung Edvard Eriksen,
make model penari ballet Ellen Prince, nu kabeneran keur milu minton dina
opera di gedong opera Kopenhagen. Patung éta téh pesenan Carl Jacobsen,
juragan pabrik bir Carlsberg, pikeun ngahias kota Kopenhagen. Putri Duyung
nu ieu mah lain ti mitos atawa legenda kota Kopenhagen atawa Denmark, tapi
estuning ti carita karangan Hans Christian Andersen, tukang ngarang carita
barudak nu bukuna geus disalin ka ratusan basa di dunya.  

Ibur Sanagara
Patung Putri Duyung sok aya nu ngaheureuyan ku cara deleka nu ngabalukarkeun
ibur sanagara. Sababaraha kali kajadian, patung Putri Duyung teh euweuh
sirahan, alatan aya nu motong. Kajadian  kitu matak ibur sanagara, dimuat di
koran jeung tv sagala. Sirah patung eta aya nu terus disumputkeun bari teu
kapanggih, aya oge nu mulangkeun deui malah aya nu mulangkeun teh hareupeun
stasion televisi. Sigana sangkan langsung dibejakan dina tivi sangkan
masarakat teu terus lengiteun sirah patung Putri Duyung.  Cenah mah kajadian
kitu teh geus aya kana opat kalina. Palebah sirah patung teu kapanggih atawa
teu dibalikkeun ku anu ngarusakna, pemkot Kopenhagen menta ka seniman patung
sangkan nyieun deui sirah patung Putri Duyung, tuluy dipasangkeun deui.
Aya-aya wae! (MJ)

Dimuat majalah basa Sunda Cupumanik. Poho deui nu nomer sabaraha :-)

Kirim email ke