Selingan ti na NULIS PULITIK di Indonesia, kuring arek nyoba2 nuliskeun Carita
Roman Sajarah Klasik Tiongkok abad ka-5, mudah2an tiasa disatujuan ku sadayana.

SAM KOK teh kasohor pisan, carita BUHUN nu dianggap alus kategorina, boh cara
nulisna, boh jalan caritana; nepi ka ditarjamahkeun ku leuwih ti 15 Bahasa 
Dunya,
cek cenah mah.

Ieu buku teh nyaritakeun kajadian mucunghulna 3 Nagara nu saling hayang 
ngahijikeun,
nepi ka perang terus2an, teu eureun2. Mucunghulna 3 Nagara teh, lantaran 
Dinasti HAN
nu pangkasohorna di China geus melempem, mun lilin mah, meh arek pareum, ku
sabab geus beak pisan. Jadi ieu nu tilu Nagara hayang ngahijikeun deui China 
saperti
waktu Dinasti HAN.

Ieu buku teh kacida lengkep eusina , boh di na bagbagan filosofina, politikna, 
diplomasi,
seni perang, komo deui seni sastrana mah euyeub pisan.

Demi eta Dinasti HAN , baheula mucunghulna sanggeus ngagulingkeun Kaisar Tyranni
saacanna, nya eta Dinasti CHIN ( nu matak urang Tiongkok sok disebut Bangsa 
CHINA ).
Urang Tiongkok mah, kalolobaanana embungeun disebut Bangsa CHINA kahayangna 
disebut Bangsa HAN. Tapi da geus kabiasaan ti baheula, euweuh jalma2 sadunya nu
nyebut ka urang Tiongkok Bangsa HAN; keukeuh we disebut Bangsa CHINA; lantaran
meureun pang kasohorna eta Dinasti CHIN teh.

Ayeuna di Zaman Demokrasi, sagala kudu TOMADA heula; ka baraya sadaya,
naha kira2 tuluykeun nulis ieu Roman Sajarah, atawa entong ?
Jeungna deui kuring rek nulis garis badagna wungkul, moal sacerewele saperti
buku aslina, lantaran bakal panjang teuing, jeung asa kurang pantes di na milis 
mah.

Naon cenah tujuan kuring nulis roman sejarah SAM KOK teh ?

Nya ari gegedena mah, pikeun "pengetahuan" tea we.




      

Kirim email ke