Naon anu jadi masalah di na niat ?
Nu jadi masalah nya eta : Aya nu ngasupkeun ka na rukun; aya oge henteu.
Dua pihak ngarasa KUAT argumenna

Tanya : Ayeuna kumaha pamadegan nu nulis ?
Jawab : Teu bisa kitu wae, sagala ge kudu dianalisa heula, mun urang rek nyekel
nu make niat, naon alesanana ; mun nyekel nu teu make naon deui alatanana.

Tanya : Ari Niat teh naon atuh ?
Jawab : Pamaksudan. Nu tempatna di na hate, yen urang bakal ngalakukeun
hiji hal. 

Tanya : Naha penting henteu niat teh? Kapan eta mah otomatis
Jawab : Teu bisa kitu bae. Upamana urang balangah, terus nubruk pager
teu dihaja. Kapan eta mah teu aya niat rek nubruk, kapan. Ngaranna katubruk.
Tah di na hal ieu pentingna NIAT teh, yen urang teh ngalakukeunana memang
dihaja jeung ti na nu jero, lain asal ngalakukeun

Tanya: Atuh ana kitu mah penting niat teh ?
Jawab : Enya kitu pisan. Lantaran kapan aya Haditsna nu langsung
ti Nabina. Nya eta : Innamal A-malu bin niyyat. nu kasohor pisan.

Tanya : Ari maksud RUKUN jeung henteu naon tah ? Asa kurang jelas?

Ayeuna Basa Sunda ku Basa Lemes :
Tanya : Ari maksad niat lebet rukun, atanapi henteu eta teh naon ?
Cing anu langkung jelas deui ?
Jawab : 
Upamana Shalat. Tah waktuna Shalat nu ngasupkeun Niat ka na Rukun Shalat,
kudu ngalakukeun di na waktu Shalat. Mun henteu, teu sah shalatna. Atawa gugur
sadaya shalatna, lanyatan hiji Rukun teu dilaksanakeun.

Tanya : Ari kitu mah, bawiraos sim abdi maning keneh ngagem nu teu nganggo niat,
ku margi seueur pusingna nganggo niat mah?
Jawab: Ku saliwat mah siga kitu. Tapi Filosofina teh nya eta. Kudu alus tekad 
jeung
lampah. Katambah deui mun urang geus niat, ulah diengkekeun deui, langsung
dilaksanakeun eta paniatan teh.

Tanya: Kapan cekap we , barang urang ka sajadah ge panginten bade shalat, sanes?
Jawab: Sigana mah kitu. Tapi kapan kudu konfirmasi tea; jeungna deui waktu NIAT
di luar shalat, kahusuan kurang. Jadi ieu NIAT teh saenyana mah nambah kahusuan 
tea.

Tanya : Iraha dilaksanakeunana NIAT Shalat teh ? Sareng kumaha praktekna.

Jawab : Praktek Shalat, nu mimiti saencan prak shalat urang konsentrasi yen 
urang
bakal Ibadah Shalat. Tah Waktu Takbiratul Ihram = Takbir mimiti; nya didinya 
waktuna
NIAT teh; di na HATE maca misalna Arek Shalat FARDHU Dhuhur. Ari nu diucap
Allahu Akbar; bari leungeun duanana diangkat ngadeukeutan ceuli.
Tah pan sampurna : TEKAD - UCAP - LAMPAH

Tanya : Tah upami nu Niat sanes lebet Rukun teh nu kumaha ?
Jawab : Tah ieu dianggap matak Wudhu ge rek Shalat. Teu kudu konfirmasi deui.
Memang Logis oge, ngan asa kurang TARTIB; kurang tartil.
Nya ari sahna mah sarua; da angger maranehanana teh make NIAT ngan teu
diasupkeun ka na Rukun Shalat. Jadi niatna sacara UMUM diluar Shalat.
Nya nu ngasupkeun ka na Rukun, maksudna supaya NIATNA ge aya pahala
KHusuna. Da meureun mun asup ka na Rukun mah, tangtu leuwih Afdhol.

NGan eta, loba umat Islam nu make NIAT asup Rukun tapi salah nerapkeunanana.

Tanya : Lepat kumaha ?
Jawab: Tah nu sok maca mani tarik Ushalli pardodh dhuri jst.  Tapi barang 
Takbiratul
Ihram hatena KOSONG. Nya sarua we teu make niat nu kitu mah. Da nu disebut niat
teh nyaeta mukarranah jeung takbiratul IHRAM.Ayana di na hate.
TEKAD-UCAP=LAMPAH
Eta inti falsafahna mah.






      

Kirim email ke