Ah, nuhun Kang...
Sent from my AXIS Worry Free BlackBerry® smartphone

-----Original Message-----
From: "bahalit" <bah_a...@yahoo.co.id>
Date: Thu, 18 Mar 2010 18:56:34 
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Subject: [Urang Sunda] Pegat Duriat <haturan ka urangsunda>

mangsa layung hibar ti wetan
anjeun datang ngalangkang
aya galindeng hate dina lamunan

mangsa layung rengse ka sore
ngagoncewang ieu hate
padahal diri keur betah
ti anjeun geus kudu ingkah

wilujeng wengi keur anjeun…
mangsa urang patarema leungeun aya rasa dampal salira teuing ku tiis
jiga aya rasa kainggis…!

inggis teu pasini ?
inggis teu ngajadi ?

jungjunan…
anjeun lir ibun di hiji gurun
maseuhan nu halabhabna ku cinta
ngeclak kana jero dada

jungjunan…
naha anjeun teu salah lengkah
di talek sarwa pilihan ?
ceuk anjeun… sahiji nu jadi implengan


Kirim email ke