Samemeh neruskeun sawala ngeunaan kunaon jaman ayeun aeuweuh nu nyiptakeun 
babasan jeung paribasa anya; urang kudu ngilikan heula "kasang tukangna" babasan
jeung paribasa eta. Supaya dina nyimpulkeunana urang teu salah salah teuing.

Iraha gelarna eta babasan jeung paribasa ? Wallahualam.
Kumaha gelarna eta babasan jeung paribasa teh ?
Tah nu ieu mah sigana leuwih bisa dijawab tibatan pertanyaan IRAHA ?

Babasan jeung paribasa teh, kecap2 atawa kalimah2 nu nyusun kalawan endah;
dimana hartina teu togmol jiga nu nyarita salancar; tah meureun ieu teh hiji 
ciri
nunjukeun yen Budaya Sunda kaasup luhur. Meureun mun Basa Inggris mah
WISE WORDS tea. Ngaranna oge WISE; tangtu eusina kudu pikiraneun, moal
jol jol kaharti ku nu narima warta ti pihak nu mimiti nyarita; jadi kudu 
ditaliti deui.

Kolot baheula meureun ari nyarita boh ka sanak bok ka nu lian; sok dicoba 
dilelemes
ambeh asup ka na sanubari nu dibawa nyarita.

Coba ayeuna contona :
Emh, kasuhun pisan kasaean akang teh. Ku abdi moal dilalaworakeun; bakal
disuhun di na embun2an; bakal disimpen di na ati sanubari.

Mihape anak ama, ti luhur sausap rambut; ka handap sausap dampal, eta kabeh
tanggung jawab anaking minantu ama.

Hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho di mangsa; tah poma hidep ulah poho
ka na waktu. Seug ku ama didu'akeun mudah2an hidep aya di na kamulyaan.

Ih si Ahim mah sok ngajul bentang ku asiwung.................hayoh mikaresep
putra DUBES....................

Tah conto2 nu diluhur sok diparake ku kolot baheula, boh keur nganuhunkeun; 
boh keur menta dihampura, atawa mapatahan; atawa ngaweweleh; tapi bari teu
togmol; jadi Basa dilelemes. Tah baheula mah umum pisan eta kalimah2 teh
dipake; kapan ayeuna mah jaman "keterbukaan" tea meureun; paribasa eta teh
kurang laku. Ayeuna mah nu disebut wijaksana teh nya eta nu MERE ngarti ka
batur; jadi mun nyarita tong make kudu dipikiran deui. CAPEK! cek budak ayeuna
mah cenah. Mun make ku sindir sampir; malah barudak ayeuna mah teu euleum2 
nyarita:"Ah Bu, atawa Pa; langsung we lah nyarios ngarah kahartos, ulah muter2;
abdi sibuk yeuh; seueur nu dilereskeun."  

Jadi tah geuning ayeuna mah rada kaharti naon sababna paribasa jeung babasan
nu ANYAR ampir euweuh; jeungna deui kapan BUKU SUNDA na ge apan siga rek 
LEUNGIT.

Ayeuna malahan mah Nyarita Basa Sunda BIASA oge langka jeung hararese deuih.
Urang Sundana oge MALAUR kapan. Cenah sieun dibenerkeun?
Naha kudu diantep we KITU ?
Rek ngomong salah atawa BENER asal NGOMONG sunda OK sajah ?
Hahahahaha.................... ieu ge ciri Basa Sunda bakal leungit tea.

Akhirna Wallahualam deui wae



      

Reply via email to