Ngiringan ahh..
Aya ku bingung sim kuring ka jalma anu nyekel islam anyeuna atawa sim kuringna 
kitu anu belet, masih  keneh lieur ku golongan2. Ari sugan teh ngan ukur 
organisasi, ari sihoreng serius? majarkeun teh golongan nana anu bakal asup ka 
surga...haarr aya kitu di surga golongan2??.. duh..
memang ceuk Rosulullah aya salah sahiji golongan anu bakal asup surga. tapi 
naon jaminan nana dina hiji golongan ArIMAN jeung TAQWA kabeh? anu jelas 
pribadi2 anu IMAN jeung TAQWA anu bakal asup surga.
anu loba beda mah paling oge cara IBADAHna, Quran teh ngan dibaca wungkul, asal 
mahroj na geus alus siga org Arab pasti katarima we nya ?

Ari Agama dibikeun ka manusa jang naon? supaya manusia beragama? hehehe... 
Pamendak sim kuring agama dibikeun ka manusa supaya manusa boga TEKAN, UCAP 
jeung LAMPANG anu bener, eta anu bakal nyalametkeun dirina jeung batur, moal 
bakal nyieun rupa2 karuksakan di bumi..

Naha geuning para teroris oge ngakuna mah tina Quran jeung Hadist tapi buktina 
mah ngan nyieun karusakan, nu ruksak lain ngan ukur anu keuna ku bom tapi 
ekonomi masyarakat Indonesia umumna jd ngurangan gara2 loba teroris, eweuhna 
turis2 anu arulin ka daerah2 anu terpencil, baheula mah memeh usum teroris ka 
kampung sim kuring oge sok aya wae bule anu alurin tapi ayeun teu hiji2 acan.
Sok tingali para pejabat ibadahnya ledok pisan santrina, naha ari leuweung 
dibabad pajarkeun teh leuweung mah kagungan Allah...malah ceuk beja aya aliran 
nana anu neangan pembenaran jang kalakuan2 para pejabat anu kitu... duuh.!!!

Padahal Al-Quran teh muncul tina Manah Kangjeng Rosul wahyu ti Allah SWT, margi 
tiasa sibet Kangjeng Rosul mah Al-Quran anu berjalan, naha atuh ari ayeuna anu 
nyebat ngageum Agama Islam tp manahna teu diangge?

Ieu minangka potongan warisan ti Karuhun, papatah anu diteundeun dina lagu 
pupuh supaya teu kapanggih/dirampas ku Penjajah :

ASMARANDANA
1.    Dicarios geuning nabi, 
    sadayana hanteu kaliwat, 
    awal akhir dicarios, 
    kumaha hal Nabi Muhammad, 
    teu kocap aya Kur’an, 
    nu ka anjeun miwuruk, 
    nu wuruk bangsa manusa.
    
2.    Tapi naha Kanjeng Nabi, 
    bet sagala gé uninga, 
    boro-boro nu geus témbong, 
    sanajan anu teu acan, 
    nya di kiamat dunya, 
    anyeuna anggeus misaur, 
    yén bakal kitu jadina.
    
3.    Padahal ceuk Kanjeng Nabi, 
    teu aya nu ngawartosan, 
    anging ku terbitna haté, 
    jol tiasa sasauran, 
    nyaurkeun saayana, 
    ayat-ayat nu kasebut, 
    nu aya salebet Kur’an.
    
4.    Jadi ngandika Gusti, 
    bener teu anggo soara, 
    sumawona anggo hurup téh, 
    sabab ngandika Alloh, 
    kana Kur’an Nul Adimna, 
    kana Kodimna jeung Rosul, 
    nyaéta éta kana manahna.
    
5.    Maparin caang kana ati, 
    ka Kanjeng Nabi Muhammad, 
    ngadak-ngadak Anjeuna téh, 
    bisa baé sagala térang, 
    sagala geus kauninga, 
    lahir batin geus ka maphum, 
    caang padang narawangan.

6.    Tah kitu ngandika Gusti, 
    nu mantak hanteu ku saur, 
    sumawona maké hurup téh, 
    ngan cumah maparin caang, 
    kapan sidik caang taya, 
    hanteu soara hanteu hurup, 
    Kanjeng Rosululloh.
    
7.    Sadayana jol harti, 
    téras disaurkeun pisan,
    ka sahabat opat téa, 
    nyaurna ku Basa Arab,
    téras dicatet ku Usman, 
    sasaur-saur Jeng Rosul, 
    nya jadi kitab sakur’an.
    
8.    Hawana Kur’an Nul Majid, 
    meunang nurun tina Kur’an, 
    Kur’an Nul Adim téh, 
    nu teu hurup teu sora, 
    jeung tulis teu papan, 
    hanteu arah enggon kitu, 
    tah kitu rai sababna.
    
9.    Raina gumujeng manis, 
    mani rambang cai soca,
    bakating tina ka hartos, 
    hanteu aya papadana, 
    tina kalangkung karasa, 
    geus sumurp kana Kolbu, 
    geus nyayang kana sumsuam.
    
10.    Raina ngalahir deui, 
    rék naros rai ka engkang, 
    naha ari nabi sanés, 
    sapertos Jeng Nabi Isa, 
    midamel Injil téa, 
    éta téh pisanggem saha, 
    naha pangandika Alloh.
    
11.    Tetep disebutna hadis, 
    pangandika anu anyar, 
    kapan Jeng Nabi Isa téh, 
    tunggal utusan Allah, 
    naha bet di béda-béda, 
    malah sumpingna ti payun, 
    saheulaeun nabi urang.
    
12.    Ceuk rakana bener rai, 
    numantak hanteu disebat, 
    dalil pangandika Allah, 
    Injil Torét Jabur, 
    carioskeun geus ahirna.
    
13.    Sanajan ayeuna pasti, 
    nu parantos kalakonan, 
    ku salira ayeuna téh hanteu sami saréng Kur’an, 
    kapan Kur’an mah eusina, 
    nyarioskeun wal-awalun, 
    nepi ka ahirna pisan.
    
14.    Saha nu méré warti, 
    nanging ti Alloh ta’alla jadi anjeunana téh, 
    hanteu naros ti manusa, 
    sabab ti manusa mah mahal, 
    bisa nyaritakeun kitu, 
    kapan teu daya upaya.
     
15.    Ngalahir deui kang rai, 
    nya nuhun Alhamdulillah, 
    aya kadar ngartos lantaran na ti engkang, 
    ayeuna mah moal samar, 
    sanajan saumur hirup, 
    moal patékadan.
     
16.    Mung ayeuna aya deui, 
    badé tumaros ka Engkang, 
    margi rai tacan ngartos, 
    hal éta kitab nu opat, 
    hiji ngaran Toret téa, 
    ka duana kitab Jabur, 
    Kitab Injil katiluna.
    
17.    Kaopatna Kur’an nami, 
    naon kanyataan nana, 
    dina sakujur téh, 
    kang rai hayang térang, 
    hakékatna téh di urang, 
    kitab hadis anu tilu, 
    dalilna mah Kur’an nyatana.
    
18.    Ari sundana téh hadis, 
    nyaéta anu anyar téa, 
    dalil mah nu heubeul tangtos, 
    tah éta naon nyatana sadaya, 
    rai mah ku hoyong dumuk, 
    ulah mung ukur basa.
    
    KINANTI
1.    Rakana enggal ngawangsul, 
    kitu rai mun can harti, 
    pasal kitab anu opat, 
    kanyataan dina diri, 
    ayeuna baris di dadar, 
    geura dangukeun ku rai.
    
2.    Mimiti Torét di catur, 
    sanyatana dina diri,
    nyaéta pangdangu urang, 
    Jabur pangucap pribadi, 
    Injil paningal, 
    Kur’an mah  pangangseu rai.
    
3.    Sipatna napas geus tangtu, 
    sipatna hirup urang rai, 
    tah nyatana Kur’an, 
    nu disebut dalil, 
    anu tiheula ayana, 
    ti barang gurujag lahir.
    
4.    Ari éta mah anu tilu, 
    nyaéta nu ngaran hadis, 
    anu pandeuri datangna,
    pangdangu anu kahiji, 
    paningal saréng pangucap, 
    éta hanteu salah deui.
    
5.    Meureun ku rai ka maphum, 
    keur waktu gurujag lahir, 
    tina kaluar ti biang, 
    panon teu awas ningali, 
    cepil teu awas ngadangu, 
    baham teu bisa wawarti.
    
6.    napas mah geus jalan terus, 
    barang anggeus lami-lami, 
    saparantos barang tuang, 
    kalebétan aci-aci, 
    aci seuneu aci taneuh, 
    sinareng aci cai.
    
7.    Bukti nu ngajentul, 
    katuangan rupi-rupi, 
    lami-lami éta soca, 
    bet bijil awasna geuning,
    cepil ka luar danguna, 
    baham ogé bisa wawarti.
    
8.    Kitu deui dina pupus, 
    anu pangheulana leumpang, 
    nya danguna jeung tingalna, 
    ucapna kitu deui, 
    nyaéta nu anyar téa, 
    napas mah anggeus bijil.
    
9.    Numawi Kur’an disebut, 
    disebutkeun awal ahir, 
    awalna nu pangheulana, 
    pangahir-ahirna leumpang.
10.    Raina ngawalon nuhun, 
    leres mun kitu kaharti, 
    kanyataan tina badan, 
    éstu aénal yakin, 
    kahartos kabina-bina, 
    mo hilap saumur hirup.
    
11.    Mung awon nu kapi unjuk, 
    aya deui nu can harti, 
    pasal tadi Gusti Alloh, 
    sipat Goniyul ceuk hadis, 
    hartina beunghar, 
    taya kabutuhna Gusti.
    
12.    Naha engkang naha kitu, 
    Gusti Anu Maha Suci, 
    hanteu aya kabutuhna, 
    rakana ngawalon manis, 
    ceuk engkang pasti aya, 
    kabutuhna Maha Suci.
13.    Tapi kabutuhna Yang Agung, 
    teu butuheun kunu ngaji, 
    teu butuheun kunu ibadah, 
    kabéh kagungan Gusti, 
    teu butuheun ku alam
    teu butuheun kunu muji.
14.    Raina lajeng ngawangsul, 
    atuh mun kitu mah Gusti, 
    hanteu kasebutna beunghar, 
    da mun aya kénéh pamrih, 
    eh engkang mah osok murtad, 
    naon kabutuhna Gusti.
15.    Rakana ngawalon Imut, 
    bener ceuk dalil téh tadi, 
    Alloh taya kabutuhna, 
    tapi engkang mah sok milih, 
    saréatna anu nyata, 
    nu karasa saréng bukti.
16.    Ceuk raina naon atuh, 
    kabutuh nu Suci, 
    rakana lajeng ngajawab, 
    ceuk anu bukti,
    kabutuhna Gusti Allah, 
    hanteu seueur ngan sarupi.
17.    Ngan butuh na téh ku wujud, 
    teu ku naon-naon deui, 
    kapan buktina di dunya, 
    teu elat-elat nu bijil, 
    jalma pada aranakan, 
    tatangkalan nungtut jadi.
18.    Ting torojol ting pelentung, 
    ampir pinuh ieu bumi, 
    sato-sato aranakan, 
    najan seueur nu dipeuncit, 
    tapi teu kurang nu datang, 
    nandakeun butuhna Gusti.
19.    Rai mani ngagukguk, 
    seuri ngeunah bakat ngarti, 
    sidik pisan jeung buktina, 
    terus nyaur bari manis, 
    aduh sidik pisan
    kasauran na téh bukti.


      

Kirim email ke