Eta teh hartosna abah nu bodo, teu yasa ngajelaskeun soal "nyondong"; di na hal
ieu mah atuh, nya abah teh nyuhunkeun sih hapunten wae; da geuning sakieu.
Abah mah ngan hoyong ngajelaskeun yen nu kapanggih ku abah kecap nyondong teh
kitu.
Ngan eta nu abah kirang nampi teh nganggo ditambih yen tulisan abah unggal2 dipupus.
Naha ayeuna mah bet dibaca nya ?
Mani katingalna ku abah eta teh palay supaya abah esmosi.

Nya didieu abah nyuhunkeun dihapunten ka MJ; kitu deui ka sakumna miliser.
Nya abah ge ngarumasakeun sok make aksara gede. Nya upami teu resep ningal
seratan anu sapertos kitu; ayeuna tah ku abah leutik kabeh.
Mangga
Sakali dei nyuhunkeun dihapunten ka MJ sareng katukang giribig lan sadayana.

Ieu ge duka dibaca atanapi henteu. Sawios lah.


--- On Mon, 3/22/10, TukangGiribig <tukang.giri...@yahoo.co.id> wrote:

From: TukangGiribig <tukang.giri...@yahoo.co.id>
Subject: Re: [Urang Sunda] Nyondong
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Monday, March 22, 2010, 5:16 AM

 



ke bah keom heula yeuh..., punten sateuacana,
 
maksad simkuringmah sanes perkawis 'urang kampung'-na, namung 'ngasupkeun' nu ngagunakeun kecap nyondong kana katagori 'urang kampung', anu salajengna digentos ku 'nu teu diajar basa sunda', padahal samemehna teu ngaburulukeun kriteria masing-masing, tug nepi kana kasimpulan kitu
 
maksad simkuring ararenteng sareng gararampang teh obahna tina 'urang kampung' kana 'teu diajar basa sunda', kitu bah...
 
tapi punten bilih simkuring lepat ngimeutan... ma'lum apanan mung komunikasi dua dimensi, teu katingal pasemon sareng panginten abah teu laluasa nerangkeun ka simkuring nu belet
 
baktos
----- Original Message -----
From: Abbas Amin
Sent: Monday, March 22, 2010 11:56 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nyondong

Kudu kumaha atuh ? Kudu ngaku SALAH ?
Jadi istilah Urang kampung sok ganti. Jadi urang KOTA ?
Atawa kumaha? Mangga...... ......... .. diantos nya

--- On Mon, 3/22/10, TukangGiribig <tukang.giribig@ yahoo.co. id> wrote:

From: TukangGiribig <tukang.giribig@ yahoo.co. id>
Subject: Re: [Urang Sunda] Nyondong
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Date: Monday, March 22, 2010, 4:08 AM

 



euleuh geuning meni asa ararenteng, gararampang. .., "saleresna mah sanes urang kampung ...; tapi nu
teu diajar BASA Sunda ..." titik-titik gentos we ku 'panginten'
 
hehehehehehehe
----- Original Message -----
From: Abbas Amin
Sent: Saturday, March 20, 2010 5:56 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nyondong

Hehehehe,           saleresna mah sanes urang kampung panginten; tapi nu
teu diajar BASA Sunda panginten.

--- On Tue, 3/16/10, DSW1 <d.su...@gmail. com> wrote:

From: DSW1 <d.su...@gmail. com>
Subject: Re: [Urang Sunda] Nyondong
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Date: Tuesday, March 16, 2010, 10:43 PM

 

abdi urang kampung... meni kitu ka urang kampung... Winking smile emoticon

From: Abbas Amin
Sent: Tuesday, 16 March, 2010 07:36
Subject: [Urang Sunda] Nyondong

 

Naon sababna baheula bujangga Sunda, atawa Para Ahli Sastra Sunda, NOLAK
ka na kecap NYONDONG mu hartina AYA ?

Atuh da jelas pisan AYA mah teu kasar teu garihal. Teu kudu dilemesan deui, jadi
aya teh geus hiji kecap nu beunang dipake ku sing saha wae. Keur saha wae.
Malahan baheula mah di Sakola kuring, mun aya nu nyebut nyondong, enggal ku
ibu Guru dicawad, teu meunang cenah make Basa Nyondong.

Tapi saperti biasa Bujangga Sunda atawa Ahli Sastra Sunda teu NYAREK ka nu sok
make ieu kecap. Nya paling ge hukumna keleuleuwihi, atawa BID'AH mun cek Agama
mah. Lolobana nu marake ieu kecap nyondong teh urang kampung.
Wallahualam asal usulna mah.




Kirim email ke