Euh Abah, sanaos Boboran Siam tebih keneh ge dihapunten pisan ku abdi, 
sawangsulna abdi ge kedah dihapunten ku Abah* 

Perkawis dirupus henteu na mah eta kumaha jalmi nu nampi emailna. Panginten, 
nuju pakepuk ku padamelan * atanapi katingali ku aranjeuna seueur nu ngawaler 
kana hiji paguneman (kaleresan asal muasalna tina email Abah), nyung nyong 
reang nu ngabarales ngedalkeun eusi hatena, sanes nyundut esmosi Abah* 
Kumaha urangna eta mah, biasana nu dianggo hukum guha "pantulan bunyi" (hese 
ningan basa Sundana nya?), naon nu ku urang dialungkeun kana milis, eta nu ku 
urang ditampi. 

Leres, nuju "ngetrend" nyerat dicampur-campur nganggo aksara ageung & alit, 
tapi teu sering teuing siga Abah. Aksara ageung siga nu ngambek padahal 
panginten tujuan Abah mung hoyong jelas wungkul, numawi aya nu nyebat siga 
disentak-sentak. Hiji seratan jalmi mangrupi "cerminan" diri anjeunna. Pami teu 
lepat mah Abah teh tangtara nya? SIAP DAN! heuheu* 

Abdi nyerat nganggo basa lemes, sanaos seueur pisan nu lepatna, da kumaha atuh 
teu wasa bade songong/kasar teH* Basa = rasa. Abdi ngaraos hormat ka Abah 
salaku sepuh, pami bade nganggo basa loma teH asa cucungah bin calutak. Abdi 
ngaraos reueus nganggo basa Sunda nu tiasa milah-milah rasa, barina ge haratis 
ieuh teu kedah meser hehehe... Kawajiban nu ngartos kana tata basa siga Abah & 
miliser ngalereskeun nu lepat. Pami dilepatkeun bari disentak-sentak mah atuh 
tambih we sarieuneun nganggo basa Sunda, komo diterapkeun ka barudak ngora 
ayeuna nu "semau gue". Ketak aranjeuna, ning dicampur sareng basa Indonesia 
janten basa gaul bin amburadul atanapi miceun pisan ka basa Sunda, gaswat.  

Kitu pamendak abdi, punten pisan sanes mapagahan ka sepuh* tong pundung nya 
Bah* :)

ro2



>>> abas_ami...@yahoo.com 03/23/10 06:29AM >>>

Eta teh hartosna abah nu bodo, teu yasa ngajelaskeun soal "nyondong"; di na hal
ieu mah atuh, nya abah teh nyuhunkeun sih hapunten wae; da geuning sakieu.
Abah mah ngan hoyong ngajelaskeun yen nu kapanggih ku abah kecap nyondong teh
kitu.
Ngan eta nu abah kirang nampi teh nganggo ditambih yen tulisan abah unggal2 
dipupus.
Naha ayeuna mah bet dibaca nya ?
Mani katingalna ku abah eta teh palay supaya abah esmosi.

Nya didieu abah nyuhunkeun dihapunten ka MJ; kitu deui ka sakumna miliser.
Nya abah ge ngarumasakeun sok make aksara gede. Nya upami teu resep ningal
seratan anu sapertos kitu; ayeuna tah ku abah leutik kabeh.
Mangga 
Sakali dei nyuhunkeun dihapunten ka MJ sareng katukang giribig lan sadayana.

Ieu ge duka dibaca atanapi henteu. Sawios lah.

Kirim email ke