Taah ieu mah bade tumaros teh ka Apih Siddik. Dupi Apih (so akrab, heheh)terah 
Cikundul? Eta da cenah ku cenah pun biang teh runtuyan Cikundul ti Aria Raksa. 
Duka da ayeuna abdi pareumeun obor,teu aya geusan maluruh;tos ngarantunkeun.Nya 
sanes kanggo agul da buktosna abdi mah sanes sasaha, mung hoyong we 'mengenal' 
bibit buit. 

Terkirim dari telepon Nokia saya
-----Pesan Asli-----
Dari: Siddik Wiradireja
Terkirim:  29-03-2010 16.37.08
Subjek:  [Urang Sunda] adu jaten parebut seeng ==> tiwul


Tiwul anu dimaksad kanggo ngahurungkeun seuneu, ceuk basa sederhanana 
"memerang" tangkal kawung, anu ayana dina puhu palapah daun kawung.
Korek api anu dianggo harita, disebatna "paneker", didamelna tina watu geni 
(duka nami ilmiahna mah), beusi siga kikir alit,  carana : tiwul sacewil 
dicapit ku curuk sareng jempol ngahiji sareng watu geni, teras dikesrek ku 
beusi anu siga kikir alit tea, engke kaluar buricak seuneu anu ngalentab kana 
tiwul tea...nya teras ngebul, tiwulna kaduruk.


ssw
http://cikundul3.multiply.com  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
eli_jami...@yahoo.com <eli_jami...@yahoo.com>






 



  


    
      
      
      kapungkur,keur lembut keneh awal th 80, emut ari aya uwa-rakana mamah-sok 
melenyun weh udud daun kawung. eta korek apina (?) ngadamel da tina batu api 
sareng tiwul. Pami teu lepat mah aya injukan sagala.Ari tiwul teh naon,MJ?Lebet 
kana parabot rumah tangga buhun teu? Dupi baheula indung-indung mirun seuneu 
nganggo naon basa teu acan aya korek gas atnp korek api? PBiasana memang seuneu 
tara dugika pareum nya,ruhay weh jadi, dina hawu nagog seeng. Ruhayna kantun 
ditiup ku songsong,jadi ngabebela deui nganggo baralak. Ayeuna masih mendak nu 
kitu teh di Pinrang,SulSel, lembur mitoha. Abdi mah asa balik panineungan pami 
ka ditu teh, janari mirun seuneu, haseupna mulek malah jadi seungit ambeuna 
teh. Tur 'bentang' alam Pinrang + sistem irigasina mirip jeung lembur kuring, 
Bojong Picung&Ciranjang- Cianjur,basa taun 80-an. Ayeunamah tos malih rupi. 
Nya, kantun waasna. Tah,satuju abdi mah kana definisi waas anu nyabit 'kenangan 
indah'....



 

 




      

Kirim email ke