Hahahahaha, sanes kampungan tapi kotaan panginten. Da masalah tiwul, tihul, lum lum sareng kawul mah, masalah kampung. Tah upami kaul, leras kota eta mah.
--- On Mon, 3/29/10, eli_jami...@yahoo.com <eli_jami...@yahoo.com> wrote: From: eli_jami...@yahoo.com <eli_jami...@yahoo.com> Subject: BLS: [Urang Sunda] adu jaten parebut seeng ==> tiwul To: "urangsunda@yahoogroups.com" <urangsunda@yahoogroups.com> Date: Monday, March 29, 2010, 11:44 PM Kutan teh kawul? Panginten abdi nu lepat-emut. Tiwulmah sampeu nya jaman ayeuna mah. Laah meni 'kampungan' atuh abdi teh, heuheu... Saur pun biang almh, dusun cenah kampungan teh... Terkirim dari telepon Nokia saya -----Pesan Asli----- Dari: Siddik Wiradireja Terkirim: 30-03-2010 05.33.12 Subjek: [Urang Sunda] adu jaten parebut seeng ==> tiwul aeh ..muhun "kawul" anu dimaksad ku seratan sim abdi mah.. punten kasadayana.. ...naha tiwul janten los-los kana kawul heuheuheu... ssw http://cikundul3. multiply. com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda mh <khs...@gmail. com> ari ku urang garut mah, tiwul teh sok belewek we dihuapkeun, bari kutap-ketap. upama nyieun seuneu ku paneker jeung gandawesi mah, sok make lunglum atawa kawul. 2010/3/29 Siddik Wiradireja <cikund...@yahoo. com> Tiwul anu dimaksad kanggo ngahurungkeun seuneu, ceuk basa sederhanana "memerang" tangkal kawung, anu ayana dina puhu palapah daun kawung. Korek api anu dianggo harita, disebatna "paneker", didamelna tina watu geni (duka nami ilmiahna mah), beusi siga kikir alit, carana : tiwul sacewil dicapit ku curuk sareng jempol ngahiji sareng watu geni, teras dikesrek ku beusi anu siga kikir alit tea, engke kaluar buricak seuneu anu ngalentab kana tiwul tea...nya teras ngebul, tiwulna kaduruk. ssw http://cikundul3. multiply. com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda eli_jamilah@ yahoo.com <eli_jamilah@ yahoo.com> kapungkur,keur lembut keneh awal th 80, emut ari aya uwa-rakana mamah-sok melenyun weh udud daun kawung. eta korek apina (?) ngadamel da tina batu api sareng tiwul. Pami teu lepat mah aya injukan sagala.Ari tiwul teh naon,MJ?Lebet kana parabot rumah tangga buhun teu? Dupi baheula indung-indung mirun seuneu nganggo naon basa teu acan aya korek gas atnp korek api? PBiasana memang seuneu tara dugika pareum nya,ruhay weh jadi, dina hawu nagog seeng. Ruhayna kantun ditiup ku songsong,jadi ngabebela deui nganggo baralak. Ayeuna masih mendak nu kitu teh di Pinrang,SulSel, lembur mitoha. Abdi mah asa balik panineungan pami ka ditu teh, janari mirun seuneu, haseupna mulek malah jadi seungit ambeuna teh. Tur 'bentang' alam Pinrang + sistem irigasina mirip jeung lembur kuring, Bojong Picung&Ciranjang- Cianjur,basa taun 80-an. Ayeunamah tos malih rupi. Nya, kantun waasna. Tah,satuju abdi mah kana definisi waas anu nyabit 'kenangan indah'....