Taun 1963 RE Muchtarman, waktos mieling 100 tahun wafatna Kanjeng Pancaniti, 
ngadamelpupuh kinanti nu ngajenan karamatna kacapiĀ 

Pisaurna para sepuh,
jaman Kanjeng Pancaniti
Kacapi dianggo sarat,
sarat nu ngagem seni,
estuning teu lalawora
nyimpenna dipusti-pusti

Sasarap buludru paul
disisian pasmen kuning,
kembangna ku aer emas,
di lebet kamar maranti,
kamar nu kenging ngahias,
alusna kaliwat saking.

Tutupna ku cinde wulung,
dilapisan sutra wilis,
disalindang mangle kembang,
ermawar sareng malati,
dihormat didama-dama,
kacapi Nyi Guling Putih.

Lamun kasumpingan tamu,
sasami pada bupati,
osok dihaturan kembang,
nyandak tina bokor kuning,
lajeng kacapi disekar,
tawis ngiring bingah galih.

Diawur ku arum-arum,
wawangen ku minyak wangi,
diebogkeun dibantalan,
bantalna putih bersih,
dilangkangan ku panangan,
mantun bari ngahariring.

Sugan weh tiasa katampi ku Kang S.Wiradireja.

Baktos abdi
gagak hideung


      
___________________________________________________________________________
Dapatkan nama yang Anda sukai!
Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com.
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Reply via email to