Sapertos kieu panginten kang AG pami parantos ageungna mah nya, file na nangkod 
yeuh.. 

 

 

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf 
Of Akhmad Gunawan
Sent: Tuesday, April 13, 2010 7:42 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: RE: [Urang Sunda] Manwi uninga obat kangge kangker. [5 Attachments]

 

  

[Attachment(s) from Akhmad Gunawan included below] 


Bilih masih keneh peryogi tur teu acan uninga siga kumaha..tangkal MINDI oge 
biasa disebat IMBO..tangkalna sapertos kieu. Upami dipelak dipakarangan eta 
tangkal jantenna tiasa ageung, pami gagaduhan mah dipelakna dina pot nae janten 
alit.

 

Baktos,

WAG 

--- On Sun, 24/1/10, Simkuring <alkarta_...@yahoo.co.id> wrote:


From: Simkuring <alkarta_...@yahoo.co.id>
Subject: RE: [Urang Sunda] Manwi uninga obat kangge kangker.
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Sunday, 24 January, 2010, 7:17 AM

  

Punten bade ngadongeng sakedap,

 

Hiji mangsa balad kuring kaserang panyakit ginjal (kencing batu kitu?) nu 
kaasup parna, bos manehna nyarankeun supaya sagancang gancangna di operasi 
dibelek batu na. Mereun ari balad kuring teh rada reuwas ari kudu ngarandapan 
operasi mah, dina implenganana awak dibelek di acak-acak ku dokter, laju 
dicokot panyakitna, teu apaleun kana tehnologi laser manehna teh. Atuh sabatae 
unggal boss na nanyakeun iraha di operasi manehna babalicetan neang ekol supaya 
teu jadi di operasi atawa sahenteuna dilila lila, ceunah nungguan sugan iraha2 
mah siap...

Teu dinyana, disatengahing lalampahan manehna panggih jeung kolot nyered ka 
aki-aki di warung, harita ceunah balad kuring balanja ka warung bari rada 
babangkieungan nyepeng cangkeng, katohyan ku eta kolot, terus nanya kunaon. Di 
jawab ku ki balad teh keuna panyakit kencing batu.

Duka kumaha carita salengkepna mah da ceunah ujug-ujug si aki eta semu 
nyengseurikeun ka ki balad, ceunah “atuh jang teu kudu ripuh neang pi ubareun, 
eta ubar teh ayana di pakarangan imah ujang!!, aya tangkal badag, ala daunna 
terus di kulub tepika caina sesa satengah laju di inum, ngan omat nginumna pas 
hudang sare bari can kararaban nanaon pisan langsung leguk weh”. 

Ki balad rada kerung semu bingung, da heeuh ceunah panggih jeung eta kolot oge 
karek harita naha bet siga nu nyanyahoanan make jeung nyebut piubareun aya di 
pakarangan ki balad. Apan asa pamohalan make jeung nyaho imah ki balad komo 
deui apal kana tatangkalan nu aya di pakarangan sagala. 

Kaahengan ieu saterusna teu dianggap serieus da teu asa dina pangimpian, sidik 
raga badagna eta kolot teh malah sarua keur balanja di warung, bari jeung 
teupuguh oge semu aya harepan tah ki balad teh. 

Sakumaha papatah eta kolot manehna ngala daun tina tangkal nu badag harepeun 
imahna, terus diolah sakumaha ceuk eta kolot tea. 

Ceuk ki balad, rasana pait molelel kacida alah batan nginum cai batrawali, 
leuwih pait malah ceunah, tapi da mereun ku hayang-hayangna cageur nya 
maksakeun we di uyup tepika beak. Sapoe dua poe mah asa eweuh ngaruhna, nincak 
kana 4 poe, dumandakan ceunah pasosore manehna nyeri kiih, burial buncelik deuk 
kiih teh.... 

Teu dinyana dina mangsa kiih harita, gajleng batu bari dibarengan ku getih, 
gedena teh ceunah ampir satengahna siki korma, sanggeus ngaluarkeun eta batu 
ngudupruk leleus jeung reuwas mereun ningali getih kaluar tina liang kiih, tapi 
geus kitu kecewer weh cai kiih nyusul sanggeus getih teh..... 

  

Ti harita, ki balad langsung di ponis cageur. Panasaran naha tangkal naon eta 
anu dijadikeun ubar teh da tepika harita teu apal, nanya ka kolotna, ceunah 
etateh tangkal MINDI, ceunah mah ka kocap ku carita eta tangkal teh pernah 
dijadikeun simbol pangajen presiden Sukarno lamun barang bere tatangkalan ka 
nagri sejen. 

  

Nyaeta ari kuring mah ngan nyaritakeun dongeng manehna, teu apal ari tangkal 
mindi teh nu kumaha wangunna, ceuk beja deui oge eta daun mindi teh ka asup 
daun anu katelah matih keur sagala rupa panyakit jero kayaning diabetes, 
kencing batu, kangker jeung sajabana... 

Sakali deui, kuringmah ukur cacarita, nu puguhmah kuring rek nanya ka baraya 
sunda sadaya, sugan bener henteuna ieu pedaran, mun tea mah aya nu apal, cik 
alungkeun ka ieu babakan, bari si kuring hayang apal wangun eta daun mindi 
teh.... 

  

Cag ah dongengna sakieu, bilih lieur da geuning ngetik teh cape.... punten 
ah... 

G 

From: urangsu...@yahoogro ups.com [mailto:urangsunda@ yahoogroups. com] On 
Behalf Omakef dudi mulyadi
Sent: 24 Januari 2010 2:42
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Subject: Bls: [Urang Sunda] Manwi uninga obat kangge kangker.

  

  

Manalika teh nangka walanda atanapi sirsak tea.

 

  _____  

Dari: Akhmad Gunawan <wagunawan2000@ yahoo.com>
Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com
Terkirim: Ming, 24 Januari, 2010 01:48:43
Judul: Re: [Urang Sunda] Manwi uninga obat kangge kangker.

  


Naha di http://petanitanggu h.blogspot. com/2009/ 05/petani- sirsak-annaona- 
<http://petanitangguh.blogspot.com/2009/05/petani-sirsak-annaona-muricata.html> 
 muricata. html mandalika teh sirsak tea...naha leres?

 

WAG

--- On Sat, 23/1/10, YADI nurdin <urang_cileunyi@ yahoo.com> wrote:


From: YADI nurdin <urang_cileunyi@ yahoo.com>
Subject: Re: [Urang Sunda] Manwi uninga obat kangge kangker.
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Date: Saturday, 23 January, 2010, 7:56 PM

  

 

hatur nuhun kang waleran nana..
di tampi pisan ku simkuring.

  _____  

From: Ikasukma <isu...@gmail. com>
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Fri, January 22, 2010 10:25:53 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] Manwi uninga obat kangge kangker.

  

Mandalika = sawo walanda? Warna asak buahna hejo ngora semu coklat meueusan...

  _____  

From: YADI nurdin <urang_cileunyi@ yahoo.com <http://yahoo.com/> >
Sent: Friday, January 22, 2010 11:30 PM
To: urangsu...@yahoogro ups.com <http://ups.com/> 
Subject: [Urang Sunda] Manwi uninga obat kangge kangker.

  

Assalamu allaikum baraya...
Hapunten baraya manawi aya anu uninga keneh, kapungkur di grup ieu pernah aya 
anu masihan terang saurna obat kangge kasakit kangker teh manalika,
aya anu terang teu sakintena manalika na, anu kumaha anu lebetna koneng atanapi 
anu bodas (anu sok di sebat sirsak).

diantos pisan waleran nana

 

 

  _____  

New Email addresses available on Yahoo!  
<http://sg.rd.yahoo.com/aa/mail/domainchoice/mail/signature/*http:/mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/>
 
Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
Hurry before someone else does! 

  

  _____  

Lebih Bersih, Lebih Baik, Lebih Cepat - Rasakan Yahoo! Mail baru yang Lebih 
Cepat hari ini! <http://id.mail.yahoo.com/>  



__________ NOD32 4797 (20100122) Information __________

This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset. com <http://www.eset.com/> 


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 



Kirim email ke