> Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote:
> ari jinah sareng salingkuh jelas beda, sanes? janten di amerika nu 
> eta tea, naha calon presiden nu mundur teh gara-gara nu mana? jinah 
> atawa salingkuh?

Hahahaha ...bener euy aya bedana. Meureun ari jinah mah bobogohan kaleuleuwihi 
padahal encan kawin, ari salingkuh mah jinah ditambahan bari ngabohong 
kaditu-kadieu, pangpangna ka pamajikan anu resmi, jadi meureun JINAH PLUS. 
Calon Presiden Amrika nu ngundurkeun diri biasana kulantaran salingkuh.

Memang perkara jinah ieu, hese dijieun aturanana, loba syaratna nu acan tangtu 
papada cocog. Contona nu nikah siri. Ceuk pandangan nagara mah nu ngalakukeun 
kawin siri teh, JINAH da acan kacatet, tapi ceuk pandangan agama mah sah. Mana 
nu rek dipake? 

Hiji-hijina teu kudu dijieun aturan, keun we publik nu nganiley dina poean 
nyoblosna.  Kuring yakin publik/masyrakat/ rakyat oge baroga niley moral, moal 
kitu wae asal pilih.

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke