Tilu urang lalaki maot, terus maranehna nyanghareup ka malaikat.

Malaikat: "Salila anjeun hirup di Dunya, sabaraha kali anjeun salingkuh ti 
pamajikan?"

Lalaki kahiji: "Abdi emut pisan, abdi parantos salingkuh dua kali!"

Malaikat: "Tah lamun kitu, anjeun dibere mobil urut keur kendaraan anjeun 
didieu".

Lalaki kadua: "Upami abdi mah mung sakali. Leres mung sakali!"

Malaikat: "Hemm, umpama kitu anjeun dibere mobil anyar pangmurahna!"

Lalaki katilu: "Ah ..abdi mah teu kantos sakali-kali acan hianat ka pun bojo 
kumargi pun bojo oge nyebatkeun teu kaemut saeutik-eutik acan bade hianat ka 
jisim abdi!"

Malikat: "Hade, keur anjeun, mobil anyar pangmewahna, Mercy!"

Sanggeus sababaraha lila, tilu lalaki teh kabeneran papanggih di tempat parkir 
di Sawarga. Lalaki nu kahiji jeung nu kadua ngarasa heran naha lalaki nu 
katilu, neu meunang mobil mewah Mercy, ceurik sesegrukan di jero mobilna. Nya 
ditaranya kunaon mani sedih kitu. Jawabna teh: " Bieu Kuring kakara papanggih 
deui jeung pamajikan, manehna mamake sapedah butut!"

=WLY=

Kirim email ke