Hatur nuhun kang Maman, postinganana. Ngarojong pisan gerakan kasundaan model kang Ajip Rosidi (AR) ieu. Coba lamun dana Rp 100 milyar taun ieu teh dipuseurkeun (difokuskeun) kana atikan wae heula, kalawan udagan: atikan anu walatra di unggal desa di sakuliah Tatar Sunda (Jabar), boh waruga badagna (fasilitas fisikna) oge jeroanana (guru, kurikulum, kaasup muatan lokal, jsb).
Upama satiap desa geus satata dina pangabutuh anu pangdasarna (kebutuhan mendasar, basic need) cara pendidikan ieu, karek diayakeun dana bergulir cara 1 desa meunang 1 milyar anu didasarkeun kana prestasi (kaunggulan) desa. manar 2010/5/3 Maman Gantra <mamangantra2...@yahoo.com> > > > http://ajip-rosidi.com/esai-bahasa-sunda/gerakan-kasundaan/ > > Gerakan Kasundaan > Kategori: Esai Bahasa > Sunda<http://ajip-rosidi.com/category/esai-bahasa-sunda/>» Dilihat: 531 kali > » Diposting: 13-11-2009 > > Ku *Ajip Rosidi* > > GEUS lila aya kateusugema di kalangan urang Sunda, ku sabab dina balantika > nasional langka urang Sunda anu meunang kapercayaan pikeun nyangking > kalungguhan penting. Éta kateusugema téh sok diupahan ku ngabobodo manéh, > ngarasa dianaktérékeun, atawa nyalahkeun sipat urang Sunda anu cenah “sok > ngaheulakeun batur”, “henteu karooh ku kalungguhan”, “daék éléh sungkan > meunang”, jeung sabangsana. > > Dianak-térékeun – henteu mustahil. Tapi naon sababna merenahkeun diri jadi > “anak” lain jadi “bapa” atawa “indung”? Sanajan tangtu baé, masih kudu > dipaluruh sacara obyéktif naha enya aya anak téré jeung anak teges di > lingkungan nagara Républik Indonésia. Naha timbulna rasa dianaktérékeun téh > lain ngan ku lantaran mémang urang Sunda éléh dina persaingan nasional anu > saenyana mah lumangsung sacara fair? > > Lamun enya kitu, kateusugema ku nyalahkeun batur téh istuning kaliru. Sabab > di alam démokrasi nu jadi dasar nagara Républik Indonésia, saenyana euweuh > anak téré atawa anak teges, henteu aya bapa téré atawa indung téré, da kabeh > sélér kalungguhanana sarua satata. Mémang kungsi aya mangsana urang Sunda > ngarasa henteu sugema ku ayana kawijakan “ko” jeung “non” pamaréntah anu > nyababkeun réa urang Sunda anu kapabel nyekel kalungguhan di pamaréntahan > Jawa Barat digésér ku sabab dianggap “ko”, diganti ku nu henteu kapabel tapi > anyar datang ti Yogya nu dianggap “non” – anu réréana urang Jawa. Kana ayana > kawijakan pamaréntah anu maliding sanak, timbul gerakan kasundaan dina taun > 1950-an nu puncakna ngayakeun Kongrés Pemuda Sunda. Gerakan kasundaan harita > babarengan jeung gerakan di daérah-daérah lianna anu pada-pada ngarasa > henteu sugema ka pamaréntah Pusat anu didominasi ku urang Jawa anu beuki > déngdék ka kénca ku sabab dina Pemilu munggaran (1955) di luar sangkaan > sareréa, PKI jadi partéy kaopat nu unggul pemilu, nepi ka Presidén Sukarno > keukeuh hayangeun ngawangun “kabinét kaki empat”. Tapi para formatur kabinét > anu ditugaskeun ngawangun “kabinét kaki empat” téa teu aya nu sanggupeun. > Kabinét nu disusun ku PM Ali Sastroamidjojo gagal nyanghareupan > gerakan-gerakan daérah, nepi ka bubar. Presidén Sukarno ngaluarkeun > “Konsépsi Presidén” (1957) nu intina dua hal: kahiji, ngawangun Kabinét > Gotongroyong anu ngajak PKI asup jadi anggota kabinét jeung kadua ngawangun > Déwan Nasional anu jadi panaséhat pamaréntah tur anggota-anggotana diwangun > ku wakil-wakil golongan fungsional jeung wakil-wakil daérah, dipingpin ku > Presidén ku anjeun. Presidén ku anjeun anu milihan anggotana. Sabada Kabinét > Ali Sastroamidjojo bubar, Presidén Sukarno ngangkat warganegara Dr. Ir. > Sukarno jadi formatur sarta ngagunakeun wewenang Panglima Tertinggi dina > kaayaan perang (SOB) ngangkat jalma-jalma jadi anggota kabinét nu teu > meunang nolak. Nu diangkat jadi Perdana Mentri kabinét nu dingaranan Kabinét > Karya téh Ir. Djuanda Kartawidjaja, urang Sunda. Tugasna antarana > nyanghareupan gerakan-gerakan daérah. Sukarno gé bisaeun nurutan Walanda > ngalakukeun adu domba. > > Para pamingpin gerakan daérah nu umumna para panglima di Sumatera jeung > Sulawesi (jadi kabéh gé tentara) dina rapat di Sungai Daréh (Januari 1958) > ngadongsok presidén sangkan ngabubarkeun Kabinét Karya anu diwangun sacara > henteu sah da presidén diangkat jadi formatur mah ngalanggar UUDS 1950 (nu > jadi UUD nu sah harita), bari ngusulkeun sangkan Bung Hatta jeung Sultan > Hamengku Buwono IX asup kana kabinét. Tapi pangdongsokna anu ditungtungan ku > ultimatum téh henteu diwaro, nya tuluy ngawangun “kabinét tandingan” PRRI. > Akibatna Pamaréntah Pusat ngirimkeun pesawat AURI ngabom Painan. PRRI > dianggap “pemberontakan”. PRRI henteu manggapulia nyanghareupan kakuatan > militér Pamaréntah Pusat. > > Kongrés Pemuda Sunda (KPS) diayakeun dina bulan Novémber 1956 ku para > pamuda (béda jeung di daérah séjén, lain ku tentara) ngawangun Déwan Komando > Pemuda Sunda (DKPS) anu tugasna ngalaksanakeun kaputusan-kaputusan KPS > sacara hukum, antarana mangaruhan Konstituante nu anyar diistrénan sangkan > ngarobah struktur nagara tina kesatuan jadi federasi. Tapi dina bulan Méi > 1957, para anggota DKPS ditangkepan kalawan tuduhan rék ngarobah struktur > nagara sacara illegal. Ditangkepanana waktu keur ngayakeun silaturahmi > Lebaran nu dituduh ngayakeun rapat gelap. Dokumén Kaputusan KPS nu geus > diumumkeun dina pérs jeung dikirimkeun ka lembaga-lembaga pamaréntah jeung > masarakat, dianggap bukti yén rék ngarombak struktur nagara da dina > kaputusan DKPS aya pameredih sangkan nagara kesatuan RI dirobah jadi > federasi. Sabada méh opat taun ditahan tanpa prosés, para angota DKPS > dikaluarkeun, da tuduhanana teu aya buktina. > > Sabada para anggota DKPS ditarangkepan tur PRRI jeung Permésta dianggap > pemberotakan, beunang disebut tara kadéngé aya gerakan kasundaan atawa > gerakan daérah lianna. Dalah dina widang kasenian, kabudayaan jeung basa ogé > henteu kadéngé kecétna. Tuduhan provinsialistis, séparatis, federalis jeung > sabangsa jadi ririwa anu ngareunteutkeun haté jalma anu hayang ngayakeun > kagiatan kadaérahan, kaasup ngayakeun kagiatan kasenian jeung kabudayaan. > > Sabada Presidén Sukarno dirorod tina kalungguhanana ku gerakan nu disebut > Angkatan 66, organisasi-organisasi kasundaan milu ramé nyokong Orde Baru nu > dibobotohan ku Jéndral Suharto, bari ngapeskeun Orde Lama, nyaéta > pamaréntahan anu dipingpin ku Presidén Sukarno. Basa pamaréntah Orde Baru > ngadegkeun Golongan Karya (Golkar) pikeun nyanghareupan Pemilihan Umum 1971, > organisasi-organisasi kasundaan cara Paguyuban Pasunda, Pasundan Istri jllna > arasup sarta aktif di Golkar. > > Dina ahir taun 1966 Sudam I Divisi Siliwangi ngadegkeun organisasi pamuda, > Angkatan Muda Siliwangi (AMS), nu digunakeun pikeun nyokong pamaréntah Orde > Baru dina numpes Orde Lama. Dina Pemilu taun 1971, AMS aktif nyokong Golkar > sarta pamingpinna aya nu diarangkat jadi anggota parlemén boh di DPR boh di > DPRD. Ku sabab tujuanana ogé ngunggulkeun “perjuangan” Orde Baru, atuh soal > kasundaan mah tara jadi acara utama, ngan sakasampeurna baé. > > Kakara sabada sadar yén sihoréng anu ngawakilan Tatar Sunda dina perjuangan > Orde Baru téh réréana lain urang Sunda, tur urang Sundana ngarasa kadéséh da > éléh visi jeung taktik, soal kasundaan muncul jadi isu di kalangan élit > Sunda kaasup nu aya di Golkar. Kakara engeuh yén nu dariuk jadi wakil > rahayat di DPRD Jawa Barat, geuning réréana lain urang Sunda. > > Ti harita timbul deui sumanget kasundaan téh, komo sabada aya Undang-undang > Otonomi Daérah mah. Sasatna méh unggal bulan aya organisasi kasundaan > diadegkeun, ngan hanjakal réréana mah sabada ngayakeun salametan rongkah > (“déklarasi”) dina waktu ngadegkeunana di hotél sigrong téh, tara aya > kadéngé naon kagiatanana. Umumna oriéntasina ngan usaha sangkan milu > kabagian proyék pamaréntah atawa sangkan urang Sunda jeneng nyekel > kalungguhan di tingkat nasional atawa daérah, da dianggap lamun aya urang > Sunda dijungjung lungguh jadi pejabat téh tanda kaunggulan ki Sunda. Sikep > kitu téh pandangan kaom priyayi anu nganggap kalungguhan jadi ménak hiji > préstasi. Alam pikiran kaum priyayi nu jiwana biasa teuing ulun-kumawula > téh, masih gedé kénéh pangaruhna di kalangan para élit pamingpin Sunda nepi > ka kiwari cara anu didémonstrasikeun ku ayana Tim Indepénden nu diwangun ku > organisasi-organisasi “bercorak kasundaan” anu ngahaturkeun panuhun ka > presidén sangkan maparin 20% tina jabatan penting nasional ka urang Sunda > bari ngasongkeun 160 ngaran urang Sunda anu cenah piliheun presidén. Béh > dieu ngasongkeun sapuluh ngaran anu dianggap merenah jadi menteri. Nu maak > hélok, para anggota Tim Indepénden téh aya dina daftar 160 urang Sunda anu > merenah jadi gegedén tingkat nasional jeung dina daftar 10 urang > pimenterieun. Bubuhan geus aya ti dituna paribasa ngeupeul ngahuapan manéh. > > Tujuan gerakan kasundaan kuduna lain kalungguhan, tapi usaha sangkan urang > Sunda, pangpangna rahayat pépéték, meunang kasempetan sajembar-jembarna > pikeun ngarépréséntasikeun diri jeung pribadina dina widangna masing-masing. > Lamun urang niténan balantika nasional, karasa pisan kurangna urang Sunda > méh dina sagala widang. Éléh ku urang Minang, Batak, jeung Bugis nu jumlahna > jauh sahandapeun urang Sunda. Naha ku lantaran urang Sunda henteu miboga > kamampuh? Tacan tangtu. Anu sidik, urang Sunda apan asor pisan kabisana da > rata-rata urang Sunda sakolana ngan 7 taun, hartina henteu tamat SMP-SMP > acan. Sabalikna urang Sunda nu mareunang atikan luhur, umumna pala putra > ménak heubeul atawa ménak anyar anu mibanda méntalitas priyayi, anu > ngarep-ngarep dijenengkeun ku nu dibendo. Da ceuk pikiranana hirup nu utama > mah kudu nyekel kalungguhan di pamaréntahan, sanajan gawéna ngan ukur sembah > kuriling atawa jadi pakacar. > > Padahal urang Sunda kakara maju, lamun élmuna luhung dina sagala widang, > wani tandang ngadu kamampuh parebut préstasi tina gawé nyata anu karasa > mangpaatna ku balaréa. Tapi urang Sunda luhung élmuna lamun sakola téh lain > ngan ngudag ijazah jeung gelar, tapi enyaan ngudag élmuna. Para kaom élit > Sunda boga kawajiban pikeun ngusahakeun sangkan sakabéh urang Sunda bisa > meunang atikan anu cukup nepi ka dina waktuna tarung dina médan kahirupan > nasional, bisa unggul ku sabab parabotna samakta. Harkat jeung martabat > urang Sunda moal unggah ngan ku baramaén ménta-ménta kalungguhan, tapi ngan > lamun urang Sunda réa némbongkeun préstasi nu pikasérabeun dina sagala > lapangan kahirupan di tingkat nasional. > > Ngan pikeun nepi ka dinya, kudu aya parobahan méntalitas urang Sunda, tina > méntalitas tukang baramaén jadi méntalitas jiwa anu mandiri. Nu gedé > kapercayaan dirina, tur dirojong ku élmu jeung kamampuh dina metakeunana > bari karasa mangpaatna ku balaréa.*** > > > Maman Gantra > Jalan Salemba Tengah 51, > Jakarta 10440. > 0812-940-5441 > >