Rubrik Beber Layar dina majalah Cupumanik bulan Mei 2010, ngaguar perkara 
kasadaran literasi (Sunda), aya artikel munel beunang Kang Agus Aris Munandar 
(FIB-UI) nu ngaguar aksara munggran di Tatar Sunda, togmol pisan disebutkeun 
aya 3 hal meunang nginjeum ti India, kahiji agama, kadua aksara, katilu 
kalender. Mangga geura aos majalahna.
--------------------
Aeh enya bis we poho, kasadaran literasi Sunda teh rek terus disoarakeun. Sugan 
ieu mah, sugan aya nu haat kersa ngaguar perkara Kabuyutan ngan ditingalina 
tina kasadaran literasi. Sabab ari kuring mah boga pamadegan kabuyutan teh 
scriptorium, tempat tulas tulisna para cendekia jaman harita. Geura we mun 
urang ngeunteung ka Kabuyutan Ciburuy Garut, apan di dinya teh rea kapanggih 
naskah kuna, alat tulis (peso pangot) jste. Lamun dipapandekeun jeung jaman 
kiwari boa kabuyutan teh sarua jeung sakola/pasantren atawa paguron luhur. Mun 
enya kitu atuh meureun aya nu nganteng perkara literasi ti bihari nepi ka 
kiwari, ngan nu jadi pertanyaan teh geus nepi kamana?. Mundur, ngeuyeumbeu, 
atawa maju?.
Tah perkara eta pisan seratan nu diantos teh, teu kedah panjang-panjang teuing, 
cekap antawis 5500-6500 karakter+spasi. Kintunkeun kana email sim kuring 
atanapi ka cupumanikmaja...@gmail.com 

MSasmita
 


Kirim email ke