tah..tah kaleresan pisan, kuring keur resep kana sastra, najan angger teu
ngarti-ngarti.

ki hoyong naros, bongan kileuksa nyerat 'tapi, jaman sastra geus kaliwat,
ayeuna mangsana balaka". aya dua hal nu menarik tina ieu kalimah. kahiji,
jaman sastra geus kaliwat. kadua, sastra mah tara balaka.

naha enya jaman sastra geus kaliwat? mun nyarandekeun kana cenah, kuring
pernah meunang beja ti mimiti ahir 90-an nepi ka ayeuna penerbitan karya
sastra (novel, carpon, puisi) di indonesia teh ceuyah pisan. najan loba nu
ngiritik kana kualitasna nu ukur semet kana sastra pop cenah, ngan mun
ngindung kana harti asal sastra, nyaeta teks, masalah kualitas bisa
disingkirkeun heula. tah naha leres jaman sastra teh geus liwat? cek kuring
jaman sastra moal aya basa liwat, sabab sastra jeung manusa teh liket pisan.

nu kadua, hubungan sastra jeung balaka. naha enya patukangtonggong, nu
balaka mah lain sastra? ki, simkuring masih teu tiasa ngarti, maksad balaka
di dieu teh naon. naha balaka di dieu teh jiga bahasa koran? nu nyebut
sagalana sajentrena, saenyana? saenyana nyebut tempat, waktu jeung jelema nu
diwartakeunna. mun enya kitu mah rada kahartos, sabab lamun sanes, kuring
mah nganggap max havelaar-na multatuli teh hiji karya sastra nu balaka...

ah sakitu heula we ti simkuring, punten seueur lepatna, da sanes lulusan
sastra. malah tebih ti jurusan sosial pisan. kuring ukur jelema nu
kadang-kadang resep maca :)

mangga ki, oge dulur nu sanes...

2010/5/6 Ki Leuksa Sunda <ki_leu...@yahoo.co.id>

>
>
> Yi, leres, dina sastra aya siloka, dina siloka aya papatah, dina papatah
> aya amanat.
> Tapi, jaman sastra geus kaliwat, ayeuna mangsana balaka.
> Mun dipaksa, moal aya nu daek mikiran, ku sastra mah karek nempo
> bungkeuleukanana ge geus ting birigidig, sieuneun. Basana teh, eta mah
> konsumsi para pujangga (harianeun).
> Jadi, ayeuna mah kudu bruk-brak atanapi blak-blakan, blak nagkarak, bluk
> nangkuban..hahaha. Kade ticatrok...
> Gara-gara HAM jeung kebebasan mengemukakan pendapat, nu buni moal kakoreh,
> malah mah kalah katincak da jelemana marotah, teu kaop kagebah sok tuluy
> DEMO, gagabah. Hahahaha..
>
> Sok ah, milarian deui dongengna, urang sundakeun (tafsirkeun) ku Aki !
>
> Tafsir heureuy, make rumus filsafat meureun.
>
> Salam sono ti Aki
>
>
>
> ---
>
> _
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke