2010/5/10 mh <khs...@gmail.com>

>
>
> 2010/5/10 roro rohmah <roro_roh...@yahoo.com>
>
>
>>
>>  Asa kaemutan, jaman pun nini aya keneh, aya hiji kamar nu ngahaja
>> dijantenkeun “gudang logistik” (hihihi.. meh gaya). Tuda, ari noong eta
>> kamar teh sagala aya, lian ti paragi nyimpen beas, aya oge cau, asem nu aya
>> kulitan keneh, jagong, suuk, boled & sampeu nu digaringkeun. Di kamar eta
>> keneh, jaman baheula mah teu acan aya lomari makan atanapi disimpen na meja
>> makan dituruban ku tudung saji, tuangeun hasil masak teh sok disimpen dina
>> nyiru nu digantungkeun kana para kamar (gugulawingan) supados teu digembrong
>> sireum & rerencanganana. Kamari ngawangkong sareng pun biang, naha pun nini
>> mah nyebat eta kamar teh “sepen”. Saurna teh,”Sepen teh goah, sarua-rua
>> keneh jeung pabeasan”
>>
>
> "sepen" teh tina "sepi", "panyepenan" tempat paranti nyepi, muja semedi,
> ngaheneng ngaraga meneng. goah salian fungsina pikeun gudang atawa storage,
> fungsi lainna keur tempat panyepenan, ngahormat dewi sri. numatak sok aya
> sasajen, eunetung jeung sisirna sagala. kitu ceuk ujaring carita.
>
>
tambahan, nu sok aya panyepenan teh salian ti goah, oge tajug alias masigit.
di bagean hareup masigit kampung dibagi tilu rohangan: bagian tengah keur
imam; bagean kenca aya panto nyambung ka paimaran terus kaluar, fungsina
keur panto darurat, bisi imam hitut ngarah bisa terus kaluar diganti ku
ajudan imam; bagean katuhu panyepenan.


>
>>
>> Iseng kamari motoan ku hp (gambarna di email ti payun), gaduh langseng nu
>> wangunna jiga sééng. Langseng made in Cikajang – Garut nu masih keneh satia
>> satuhu ka pun biang salami kirang langkung 25 taunan teu rengrot-rengrot,
>> dipleter unggal dinten masih keneh kiat dianggo nyangu & nyeupan. Saparantos
>> aya magic jar, “tugas”na teu pati kerep teuing, mung teu acan dugi ka MPP...
>> heheh.  Teu kantos naroskeun ka ki lanceuk (nu ngicalna), naha ieu
>> langseng mangrupi reinkarnasi tina seeng? Margi rupina jiga seeng mung aya
>> ceulian. Saurna seeng tiasa dianggo interlokal? Tah, duka ieu mah can kantos
>> nyobian heuheu…
>>
>>
>>
>> ro2
>>
>>
>> --- On *Thu, 6/5/10, mh <khs...@gmail.com>* wrote:
>>
>>
>> From: mh <khs...@gmail.com>
>> Subject: Re: [Urang Sunda] pabeasan padaringan wadah beas
>> To: urangsunda@yahoogroups.com
>> Date: Thursday, 6 May, 2010, 10:03 PM
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>> 2010/5/6 mj <ja...@itenas. ac.id<http://mc/compose?to=ja...@itenas.ac.id>
>> >
>> >
>> > Salah sahiji objek studi teh wadah beas. Kamari ka kampung naga, ku nu
>> boga imah teu kaci nempo jerona goah. Ari di ciranji baduy mah meunang, kitu
>> deui di gajeboh. Sawareh goah di baduy mah teu mangrupa rohangan husus, tapi
>> ngahiji jeung dapur. Aya nu dipisahkeun, tapi teu make panto, nya teu beda
>> di pendeng/enggon, ngan eusina pabeasan nu rupana gentong tea jeung sagala
>> rupa peralatan dapur, kayaning boboko jeung baris.
>>
>> jigana wae misah henteuna goah jeung rohangan sejen lain gumantung ka
>> tempat geografina, tapi gumantung ka tingkatan ekonomina. lamun imahna cukup
>> gede, nya meureun logis mun bisa nyadiakeun goah make rohangan khusus. ari
>> imahna sederhana mah boro-boro keur nyieun goah husus, nya dapur teh meureun
>> jadi rohangan sarwaguna, nya jadi goah, tempat ngaliwet, malah sakaligus
>> jadi tempat balakencrakan barang dahar.
>>
>> > Dina ensiklopedia sunda mah, bedana padaringan jeung pabeasan ( nu
>> gentong tea) ngan dibedakeun dina tatacara atawa memperlakukanana.
>> Padaringan mah cenah masih keneh make acara adat, make sagala rupa upacara,
>> menyan, rupa rupa kembang, jst, ari pabeasan mah nya ukur wadah beas. Rupana
>> mah eta-eta keneh. Can kapaluruh di lokasi studi, kumaha bae bag-bagan
>> upacara adatna pikeun padaringan teh. Tapi sigana patali jeung asal usul
>> pare beas tea, ti nyi pohaci sang hyang asri (dewi sri tea).
>>
>> ari sainget uing mah, eta nu dimaksud padaringan jeung pabeasan teh
>> eta-eta keneh. nyebutkeunana teh kumaha ingetna, teu gumantung ka
>> ensiklopedia, da teu apaleun meureun. mun nu keur ingetna kecap padaringan,
>> nya nyebutna teh padaringan. upama keur inget ka pabeasan, nya nyebutna teh
>> pabeasan. mun keur usum tiwerat, usum paceklik, mangsa usum hese barang
>> dahareun, disebutna teh padaringan garing cenah alias pabeasan kosong.
>> >
>> > Saliwatan nempo goah di kp naga, biasana rohangan leutik gigireun dapur.
>> Beulah kencaeun dapur. Kenca teh meureun ruang istri, katuhu pameget.
>>
>> tah ieu ge, nu kapanggih jeung kainget ku uing mah posisi goah teh
>> rupa-rupa: aya nu di gigireun kenca hawu paragi popolah; aya oge nu tempatna
>> tukangeun nu keur siduru hareupeun hawu.
>>
>> saeutik dongeng perkara goah:
>>
>> nu kapanggih mah goah teh multi fungsi jiga peso "swiss army": jadi gudang
>> tempat nyimpen sasadiaan bahan dahareun sapanjang taun, kayaning nyimpen
>> segon jeung barayana bangsal, gaplek jeung kiripik sampeu, di luhurna rawey
>> beungkeutan jagong jeung kacang nu geus digaringkeun; oge eta tempat
>> padaringan atawa pabeasan tea, nyimpen beas dina gentong karamat, sarta teu
>> kaliwat entik batok kalapa keur nyiuk beasna; fungsi sejenna goah teh jadi
>> laboratorium permentasi, nyaeta jadi tempat keur peupeuyeuman, boh meuyeum
>> ketan hideung, meuyeum sampeu, meuyeum gaplek, oge meuyeum cau.
>>
>> sabenerna mah tempat nyimpen beas di goah teh lain ukur gentong si jimat,
>> tapi oge karung. karung teh fungsina jadi storage temporal, mun gentong geus
>> kosong beas na karung dicicikeun keur ngeusian gentong. meureun salah sahiji
>> kauntungana teh mun nyimpen beas dina gentong gampang ngedukna ku entik
>> batok kalapa tea.
>>
>> diantara barang nu aya digoah, nu lain barang dahareun, nyaeta parupuyan
>> paragi nyeungeut menyan. parupuyan teh bentukna jiga coet ngan aya sukuan.
>> tah gigireun parupuyan aya barang sejen karesep uing, aya cangkir nu eusina
>> rujak cau emas. enya disebutna teh kitu, rujak cau emas, padahal mah jiga
>> kolek, cau emas disiksikan terus dikeueum kinca gula kawung nu seungit
>> pandan tea. mun my-biang bongoh, ku uing sok diregot rujak cau emasna,
>> hahaha. urang lembur mangsa harita, taun 70-an, di goah teh unggal malem
>> salasa jumaah sok nyeungeut menyan bari nyayagikeun sasajen rujak cau emas
>> tea. jigana wae eta haseup menyan nu ngelun teh aya mangpaatna keun mantuan
>> ngawetkeun barang simpenan di goah.
>> >
>> > Ngan nya kitu, unikna, sanajan gentong pabeasan teh wadah wajib kudu aya
>> di unggal goah, di baduy, teu aya warga nu nyieun gerabah gentong kitu.
>> Hartina meureun teknologi gerabah teu kakuasai, teu cara nyieun bedog, di
>> baduy kampung nu kakoncara kampung batubeulah. Jadi si gentong pabeasan teh
>> meuli ti luar. Ari urang kp kuta kp naga mah meuli ka pasar garut, salawu
>> atawa singaparna, ari urang baduy mah cenah sok meuli kanu jualan nu datang
>> ti luar. Kitu deui seeng. Sanajan wajib aya paranti nyepan sangu, teu
>> dijarieun ku urang dinya, tapi meuli ka luar atawa aya nu jualan ka baduy.
>> >
>> > Mangga dilajeng kanu terang, ketrukeun deui J
>> >
>> > nuhuns
>>
>>
>>
>>
>> 
>>
>
>

Kirim email ke