Tadi ge kitu, biantara teh aya nu ti Gramedia, ti Bank BNI46 salaku nu
ngarojong kana ieu acara, atuh ti nu narima buku ge aya. Tah biantara ti nu
narima buku diwakilan ku Mang Jamal. Mang Jamal biantarana teu lila, ngan
rada aheng make ditambahan ku ceurik sagala, lain ceurik gogoaran siga orok,
tapi ieu mah ingsreuk-ingsreukan bari sorana semu ngageter, teu kaliwat
nyusutan cimata. Tayohna Mang Jamal kagagas, geuning loba keneh nu haat kana
ngarojong kasadaran literasi, apan maca teh bagian tina literasi.

 

Enya, wa, kagagas. We are not alone cek john lennon mah. Heuheu. 

 

 Mang Jamal nyabit-nyabit kana bubuka UUD45, kawajiban ngawalatrakeun
kasejahteraan teh lain bae keur sabagian jalma nu deukeut  aksesna kana
buku, tapi deuih keur maranehna nu jauh. Ku ayana sumbangan buku ieu teh
sahenteuna geus mere jalan kana akses eta.

Heueuh ari kituna mah ngilu karasa nyentug kana hate, behna aya nu haat ka
nu jauh kana akses eta, jadi kagagas. Mun seug unggal jalma daek babagi
kabagjaanana ka nu sejen, meureun moal nogencang teuing kaayaan teh (kaayaan
nu mana nya?...karasa tapi hese)

 

Kamari teh kurang jentre, bakat ku emosional (teatrikal cek agung mah haha).
yen tujuan nagara RI diadegkeun numutken pembukaan UUD 45 teh, meningkatkan
kesejahteraan umum jeung mencerdaskan kehidupan bangsa. Eta dua. Nu sejen
mah lain. (nu internasional: ikut menjaga ketertiban dunia) berdasarkan
..(sila pancasila).

 

Ceurikna Mang Jamal boa boa lir ceurikna jalma nu teu walakaya.

Hanjakalna Mang Jamal keur ceurik teh teu kaburu difoto, da ukay ukey
ngorobet pamotretan tina ransel. Nu inget keneh biantara Mang Jamal teh nu
panutup..."sekian saja saya bicara sebelum saya menjadi lebih gila.." teuing
kamana loyogna eta omongan.

 

 

Enya, wa, ngarasa teu walakaya, sanajan kahayang mah loba, hayang milu aub
ngamajukeun bangsa. Gaya pisan. Haha. Era atuda. Basa munggaran asup ka
kampus tjap gadjah depa, aya spanduk, Selamat Datang Putra Putri Terbaik
Bangsa. Pikeun si kuring mah eta teh lain kareueus, tapi asa dibere
tangtangan atawa tugas, kudu bisa milu aub pikeun ngamajukeun bangsa. Hehe,
matak kamari dina biantara saingetna, daek jadi dosen, sanajan gajih leutik,
sabab ku cara kitu meureun leuwih bisa aya gunana, da ari jadi desainer
interior mah, numutkeun widang akademik nu diteuleuman di senirupa, asa ngan
ukur ngalayanan (bangsa) nu baleunghar, jegud, nu teu loba. Sedeng kaayaan
mayoritas mah kategori semu ripuh jeung ripuh. Duka pedah ideologi sosialis
demokrat nu duka kumaha rada nerap. Meureun kabita ku kondisi skandinavia nu
nerapkeun sistem walfare state tea-nu sabenerna luyu jeung pancasila.
heuheu. punten ngarahul.

 

Enya nasib bangsa teh ripuh, anggota dewan kalah rek nyieun gedong anyar nu
cenah waragadna 1.000.000.000.000 + 6.000.000.000 (satrilyun leuwih genep
milyar) pedah cenah miring 7 darajat, dina kompas sababaraha poe katukang,
insinyur geodesi itb naliti gedong dpr ayeuna, condongna teu nepi ka 7
darajat, jeung masih layak pake keneh.Cek pikiran bodo si kuring nu nyaah ka
ieu bangsa, nu biasa ngabanding-banding, mun duit sakitu pikeun ngarehab
sakola sd, smp, di indonesia, bari nyieunan pabukon di sakola eta, asana
leuwih mulia salaku wawakil rahayat.

  








Kirim email ke