enteh wanayasa oge nikmat....pisan........
================================
TITO SURYANA - AR SURABAYA
DIVISI BUSINESS SERVICE REGIONAL II
TLP. 031 5350510
FLEXI. 031 70951507
HP. 08123548519
----------------------------------------------------------
  ----- Original Message ----- 
  From: jangdede 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Tuesday, May 18, 2010 12:11 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Hayu ngenteh jeung ngopi asal tatar sunda


    

  kuring oge mun balik ka lembur teh sok mawa enteh nau siga di leueut ku wa 
Rahmat. Enteh tanpa pengawet jeung jiganamah leuwih ngeunah...


  Hah,.....


  2010/5/17 MRachmat Rawyani <mrachmatrawy...@yahoo.com>

      

    Ari kuring mah "nyandu" kana teh hejo, ti wewengkon Cianjur Kidul 
(pagelaran), dimana pun bojo sakola nepi ka SMP. Pucuk teh anu tos dipetik, 
dipoe sina garing nepi ka murintil alias garing pisan, heunteu digongseng dina 
panggorengan atawa ngaliwatan proses fermentasi jiga teh walini. Jadi eta enteh 
teh murni daun teh teu aya pangawet atanapi aya aroma malati. Upama diseduh ku 
cai heksagonal anu dipanaskeun, warna cai enteh semu hejo, heunteu beureum siga 
teh celup. Gegedoh/hampas entehna balik deui jiga daun teh. Beda pisan rasana, 
aromana oge khas daun teh.

    baktos,

    mrachmatrawyani






----------------------------------------------------------------------------
    From: Jalak Pakuan <jalakpak...@yahoo.com>
    To: kisu...@yahoogroups.com; urangsunda@yahoogroups.com
    Sent: Mon, May 17, 2010 11:02:55 AM
    Subject: [Urang Sunda] Hayu ngenteh jeung ngopi asal tatar sunda


      

    Tadi isuk dina TV aya warta serangan ti Inggris mulai Juni, bulan hareup 
nyaeta serangan enteh Twinning. Luar biasa lian ti Jepang geuning Inggris nu 
boga seremoni nginum enteh nyerbu ka Indonesia kaasup ka tatar sunda!. Ari 
urang sunda nu ti leuleutik cegluk2 nginum moal kitu jadi serabeun lamun teu 
boga seremoni?

    Ti taun 2004 kuring geus nyoba ngabiasakeun ngopi jeung ngenteh make produk 
ti tatar sunda. utamana mun aya rapat/coffee morning. Supaya menarik kuring sok 
campur wadul make nyonto menak eropa. Lamun ngopi biasa make kopi aroma make 
carita model wine tea. Jadi kopi best quality mirip wine kudu diteunden hela 
bisa taunan memeh digiling. Tah kopi ieu kualitas top sabab teu sagawayah 
nyieuna, mirip wine keur menak, top eksekutif.

    Lamun carita enteh kuring mawa merek Walini ti kebon enteh pangalengan. 
Promosina kieu, ieu teh selektif pisan, husus ka eropa keur nginum teh menak2 
eropa. Tah nu dina gelas khususon meunang meuli ti pabrikna, teu aya di pasaran 
lokal (he...he...pede we nyarita kitu teh).Mun aya lokal oge tradisina keur 
walanda atawa menak2 hungkul! (??)

    Teuing rasana atawa caritana, lolobana bareuki disuguhan kopi jeung teh 
lamun keur rapat. Ngan hesena eta kudu meuli ka Bandung.

    Tapi intina mah hayu urang ngenteh jeung ngopi nu asal usulna ti tatar 
sunda. Aku Cinta Produk Tatar Sunda!


    Makarya Mawa Raharja













  
==============================================
Flexi Irit Mingguan:

Flexi Irit Mingguan, Pulsa Rp 500.000 cuma bayar Rp 5.000, buat nelpon FLEXI
Lokal & SLJJ 01017 seminggu. Ketik 5000 kirim ke 123. Flexi Lebih Irit Kan !

Flexi Chatting:

Buat yg suka Chatting, dapatkan HP Chatting mulai dari Rp 260rb bisa YM,
GTalk, Flexi Messenger sepuasnya Rp 2.000/Mg & akses Facebook/Twitter
masing2 Rp 1.000/Mg
==============================================
              This Email Has been Scanned by Anti Virus
==============================================

Reply via email to