Wah nuhun pisan..ngan eta kentengna janten kedah dipaku kana
erengna.....gampil morosot..

On 5/31/10, mj <ja...@itenas.ac.id> wrote:
>
> Upami dina kecap segi tiga, basa sundana mah juru tilu.
> Miringna suhunan asana langkung ti nu di kota (rata-rata 25-30 darajat),
> ngan duka tah naha dugi ka 45 darajat atawa henteu.
>
> Sae pisan margi langkung miring, jadi hujan cepet ngalirna, kitu deui salju.
> Sanaos salju mah narapel oge dina suhunan. Kahujanan nembe cair, turun.
>
> -----Original Message-----
> From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
> Behalf Of Surtiwa
> Sent: Monday, May 31, 2010 7:01 AM
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Subject: Re: [Urang Sunda] (Desain) suhunan sulah nyanda
>
> Ari sudut (naon Sundana ?) kanggo tiras kenteng wangunan Sunda
> sabaraha darajat nya ? cenah ari sudut 45 darajat paling sae kanggo
> lajuna cai hujan ngalir...teu enggal bocor. leres kitu eta teh ? Abdi
> nyobi suhunan 45 darajat nyonto di Bali View Complex..katingalina
> "curam' (naon Sudana nya). Wassalam.
>
> On 5/28/10, ja...@itenas.ac.id <ja...@itenas.ac.id> wrote:
>> Ralat
>> Soal ngaran suhunan sulah nyanda, istilah eta ayana di baduy. Ari di
> kampung
>> naga tasik mah disebutna suhunan panjang, sigana katingali ti hareup nu
>> memang manjang. Istilah lain, model kitu nu oge disebut julang ngapak tea.
>> Julang sabangsaning manuk keur ngalayang (jangjangna keur teu ngibas).
>> Powered by Telkomsel BlackBerryR
>>
>> ------------------------------------
>>
>> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>
>
> ------------------------------------
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>

Kirim email ke