Demi batik Sunda, tangtu bae, budayawan
jugala cara Pa Ajip, oge kanca-kancana nu ngiring nyalerat  Ensiklopedi Sunda, 
teu
nyabit-nyabit kakait batik Sunda jeung Majapahit. Sanajan, “dokumen-dokumen
resmi” nu nyampak, keukeuh mertelakeun pakait eta karajaan jeung batik. Lian ti
kitu, sawatara ahli, paling heunteu nu narulis sawatara buku ngeunaan batik,
nyebutkeun yen batik teh aya pakaitna jeung Islamisasi di Pulo Jawa. Malah, pan
kadieunakeun, ieu industri teh pagiling-gisik jeung gerakan Islam (jeung
nasionalisme). Sakadar nyebut inohong jeung dokumentasi (sajarah) nu nyampak,
salah sahiji gegedug Sarekat Islam, H.Samanhudi, lain bae sodagar batik tapi –
sakumaha disebut -- oge miboga gelar haji. Demi gelar ieu, ku khusnuzdon urang,
lain bae kadar nembongkeun status ekonomi jeung sosial. Tapi oge mertelakeun
maqom kaimanan. Sanajan, ceuk Parakitri, inohong-inohong SI/SDI satemenna teu
boga niat ngadegkeun eta pakumpulan. Aranjeunna kadar katempuhan buntut maung
ku kaayaan nu nyampak harita.

Perkara Islam jeung batik eta, oge nyampak
di Tatar Sunda. Kaasup di Garut, Tasik, oge Ciamis, nu jadi puseur The
Dancing Peacock. Malah, salah sahiji sodagar batik di Garut, ngagaduhan
putra nu engke icikibung – mun lain mere wanda – dina dunya kreatif Indonesia,
bari teu weleh liket jeung ka-Islam-an: Ahmad Sadali dina widang seni lukis,
Ahmad Noe’man dina widang arsitektur. Pan dua inohong ieu nepi ka kiwari jadi
trademark pikeun senilukis kaligrafi jeung arstektur masigit?

Balik deui ka Pa Ajip jeung Ensiklopedi
Sunda, batik di urang paling heunteu geus disebut-sebut ku Siksa Kanda
Ng Karesian.  Hartina, paling
heunteu geus nyampak ti abad 16 keneh. (Ari Majapahit abad ka sabaraha, nya?).
Ceuk Pa Ajip saparakanca, harita urang Sunda geus boga istilah sorangan pikeun
lawon: samping jeung batik. Demi corak atawa motif nu nyampak
harita, di antarana: pupujengan, hihinggulan, kekembangan,
alas-alasan, sisirangan, toruk hata, kembang
tarate. Lian ti eta, aya oge corak kembang muncang, gagang
senggang, anyam cayut, poleng rengganis, surat
awi dan hujan riris.

Satutasna Sultan Agung ngalurug Batawi
(1628 jeung 1629), ieu mah pangwawaas kuring dumasar kana sawatara pamanggih
pakait jeung batik Sunda, kitu ge bari ngaaminan yen pasukan Mataram harita teh
api-apina malulu urang Jawa, pasukan Sumedang jeung Banyumas dianggap euweuh,
sawatara urang Jawa ngadon bumen-bumen di tatar Sunda. Teu baralik deui ka
lemburna. Di antarana, nya ngilu ngahirupkeun batik di urang.  Sakumaha tilu 
pangeran Sumedang ngadon
ngababakan di tempat nu kiwari disebut Tiga Raksa, Tangerang.

Ngeunaan urang Jawa dina batik Sunda
teh, nerap deui satutas jeung salila campuhna Perang Diponegoro. Ceuk sawatara
artikel, teu saeutik urang Jawa (Yogya jeung sabudeureunana) ngadon ngarungsi
ka Tatar Sunda – boh ka Banyumas, Pakalongan, Tegal, Brebes, Cirebon, Tasik,
Ciamis, Garut, jeung Cianjur. Sakumaha veteran pasukan Sultan Agung, para
veteran Perang Diponegoro ieu ge ngilu aub dina perkara batik.

Nya ti harita, ti zaman Mataram eta,
corak batik urang kapangaruhan ku corak batik nu nyampak di Jawa. Di antarana,
motif sidomukti, rereng, jeung parang. Malah, ceuk
sawatara kolot, boh urang Jawa boh urang Sunda, nu ngamimitian ngarahayatkeun
motif rereng teh nya urang Sunda. Sabab, mangsa di Mataram mah, cenah,
ieu motif teh mutlak anggoeun Sultan sareng kulawargana.  Sanajan di Sunda ge, 
harita, can
sangarahayat cara nu nyampak kiwari. Nu dimaksud ngarahayat teh ukur teu
diangge Sultan wungkul, geus turun ka pangkat adipati, patih jeung wadana. Prah
dipake umum atawa cacah somah mah, geus kadieunakeun. Sanggeus revolusi
kamerdekaan.

Ari Aki Endang? Sanajan tepang sareng
anjeunna di Pakalongan, disambung di Kebon Jeruk, Jakarta, 1981-2002, si Aki teh
pituin urang Manonjaya, Tasik. Mun nyekel kana kasauran anjeunna, yen taun 1981
harita yuswana tos 62, hartina anjeunna teh kalahiran taun 1919. (Pupus taun
2002, dina yuswa 83. Yuswana nu kalintang panjang keur ukuran kiwari). Alatan
rama sareng eyangna ngiring ilubiung dina dunya perbatikan, di antarana
garaduheun studio batik di Sukapura sareng Mangkubumi, Tasik, atuh anjeunna
apal pisan zaman kajayaan batik Sunda umumna, batik Tasik khususna. Malah,
anjeunna apal kumaha Bung Hatta sumping ka Tasik seja muka Kongres Koperasi
Indonesia ka-Hiji sakaligus ngainpeksi kaayaan industri batik di Tasikmalaya
harita, kaasup kayaaan Koperasi Mitra Batik (12 Juli 1947).

Sakumakaha geus jadi kaweruh urang
sarerea, Mitra Batik, nu diadegkeun taun 1939, ngarupakeun koperasi batik
munggaran di Indonesia. Koperasi ieu nu engke jadi motor GKBI (Gabungan
Koperasi Batik Indonesia), nu gedongna di Jakarta kiwari geus obah jadi Bursa
Efek Jakarta jeung Pacific Place Jakarta. Tapak jeung titinggal pabrik batik
urang Sunda nu kungsi aya di Jakarta, burantak mangsa Bung Karno jeung
Ir.Sutami nyieun Jembatan Semanggi samemeh Ganefo, taun 60-an. 



Maman Gantra

Jalan Salemba Tengah 51,

Jakarta 10440.

0812-940-5441


      

Kirim email ke