Baruk tos aya buku romanna lalakon Pangeran Kornel, hanjakal teu acan kabiruyungan mendak, tada teuing matak pogot panginten ngaosna. Mung eta jenengan waktos bureyna naha janten Raden Jamu, sanes Raden Suranagara, pedah dina carios roman kitu..?
ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Waluya <waluya2...@yahoo.co.id> Ah rame deui Kusnet euy, nuhun Apih Siddik. Lalakon Pangeran Kornel (raden Jamu) didamel roman ku Memed Sastrahadiprawira, sastrawan Sunda sateuacan Perang Dunya II. Ieu roman nu judulna oge "Pangeran Kornel" parantos di Indonesiakeun ku sastrawan urang Minang, Abdul Muis. Dina roman ieu, Pangeran Kornel sanes ditundung ti Sumedangna teh, tapi kabur, margi bade dirogahala ku anak buah Demang Dongkol, sang "dorna" nu ngadu-ngadu Raden Jamu/ kulawarga Sumedang jeung Adipati Tanu Baya (kulawrga Parakan muncang). Saur Ayip Rosyidi mungkin tokoh Demang DOngkol teh tokoh fiktif, ciptaan sang sastrawan. Bade dirogahalana teh waktos anjeunna nujo moro di Tegal licin, Cimalaka tutugan Gunung Tampomas. Dugi ka ayeuna di Cimalaka ( lembur kuring ...hehehe) aya tempat nu aranna Licin, ngan ayeuna mah janten lembur ageung, DESA LICIN di Cimalaka. Raden Jamu sadar aya nu bade ngakalakeun anjeunna, nya anjeunna teh kabur ka Malangbong/ Limbangan, nepangan kulawarga ti pihak Ramana (Rama Raden Jamu, ti Limbangan). Ti dinya anjeunna nembe ka Cianjur. Anjeunna norobos leuweung geledegan jeung loba begal supados dugi Ka Cianjur. Cianjur jaman harita, kalebet kota di Priangan pang majengna, puseur pamaretahan priangan jeung oge kota budaya (Bandung mah masih leuweung geledegan ...hehehe). Raden Jamu di Cianjurna teh nyamar jadi cacah kuricakan, anjeunna jadi paninggaran, bari sakantenan diajar elmu-elmu kadigjayaan nu harita karesep urang Cianjur. Ku kahebatanna jadi Paninggaran anjeunna jadi kawentar, duga ka kadangu ku Bupati Cianjur. Akhirna kasang-tukang sang paninggaran kabuka, yen anjeunna teh sanes paninggaran "samanea" .... Roman ieu akhirna "happy ending" ...hehehe jeung kalebet roman nu "enak dibaca dan perlu". Mung nu namina roman kedah tetep dianggap karya satra, sanes buku sajarah nu ilmiah pinuh bukti jeung fakta, sanaos Memed Sastraprawira cenah mah dugika ngalakukeun survey/ panalungtikan heula, sateuacan ngarang roman ieu. (Memed tiasa disebat sastrawan munggaran di Indonesia nu ngalakukeun hal ieu). Baktos, WALUYA