Meungpeung keur rame, padungdengan maung beuki kadu, aya deui cenah maung beuki kana nangka asak. Ceuk paninggaran kahot, sato-sato leuweung ngabogaan bau anu jadi ciri khasna, maung bau nangka asak, jadi mangkahade lamun keur aya di leuweung atawa tegalan, kaangseu bau nangka asak, tapi didinya teu aya tangkal nangka, ati-ati...moal jauh tidinya aya maung. Nya kitu deui amun urang dileuweung atawa tegalan ngambeu bau tai kotok, tangtu moal jauh tidinya aya bagong, lamun careuh cenah mah bauna bau pandan.
Ieu carita kantos dimuat dina "Puriding Puringkak"na majalah Mangle taunna mah hilap deui, saha anu nyeratna oge hilap deui, ringkesna ; Aya hiji panyadap (lahang), ari pakasaban nyadap lahang mah gawe sambilan dan pakasaban anu utamana mah patani. Hiji poe dina usum katiga entrang-entrangan, manehna tas macul nganggeuskeun hanca, ti isuk jedur dugi ka wanci asar, rengse macul datang ka imah rurusuhan nanggung lodong panyadapan, maksudna rek neang sadapan bisi kaburu poek. Beres ngaganti lodong sadapan, gagancangan balik sabab poe geus reupreupan, datang ka imah nyarandekeun lodong lahang didapur, ngagulana mah tugas pamajikanana, leos we kapancuran ngabilas badan anu lamokot ku kesang, beres mandi terus dahar, teu lila dur-duran bedug magrib. Beres dahar rurusuhan muru ka tajug, balik-balik sanggeus beres solat isa, bakating teu kuat kutunduh, balas kucape tas macul sapoe jeput, datang ka imah teu sirikna meubeutkeun maneh kana dipan, les we sare tibra pisan. Barang hudang, rarasaanan geus janari, korejat we hudang direret pamajikanan masih tibra, teu gareuwah leos we kadapur, nyokot lodong jeung rancatanana teu poho nyorendangkeun bedog. Sanggeus nutupkeun panto dapur, gejlig indit maksudna rek neang sadapan, sanggeus ngaliwatan tungtung lembur anu teu sabaraha gedena, manggih tanjakan, beak tanjakkan manggih pudunan, tungtung pudunan aya solokan, mentas solokan tinggal satanjakan deui tepi ka tangkal kawung sadapanana, sisi leuweung tutupan, apal pisan da liliwatan sapopoe. Beak ngaliwatan pengkolan jalan mudun, enyay-enyay cahaya sinar obor sisi solokan, lebah jalan lilwatanana. "Lakadalah geuning geus aya jelema" ceuk gerentes hatena, jog anjog kasisi solokan, handapeun tangkal waru, anu ngaroyom ka solokan, atra hiji lalaki tengah tuwuh, dedeg pangawakana, make baju lurik, calana pangsi hideung, sirahna diiket barangbang semplak, kumisna jalatreng tapi geus campur jeung huis. Oborna ditancebkeun kana taneuh disagigireun eta jalema, ari hareupeunana, ngagoler nangka sagede seeng, sapotong geus dipasi-pasi jadi sabaraha pasi, didamparan daun waru. Beak mentas solokan anu ngeletrek caina, Ceuk tukang sadap : " Punten bapa ngiring ngalangkung". Ceuk eta jalema : "Neang sadapan kisanak", tapi sorana rada ngirung. "Muhun bapa.." tembal tukang nyadap Ceuk eta jalema : "ari teu rurusahan mah nyimpang heula atuh, ieu cobaan nangkana, amis geura"... Ngarasa teu ngeunah amun nolak pangajak, nyimpang we heula, gog nagog hareupeun eta jalma, ngan sabot nagog pas paadu teuteup, eta si tukang sadap kacida ngarasa serabna nempo sinar panon eta jalma. Sor we eta jalma nyodorkeun dua pasi nangka, beak dua pasi, kacida ngarasa sugemana atuda saumur-umuran kakara manggih nangka anu sakitu amisna, baradag jeung amis ka jarami-jaramina. Beak nangka dua pasi, terus pamitan, di jawab ku eta jalma :"Enya jung atuh bisi kaburu caang"..... Sajeroning nanjak muru ka tangkal kawung sadapanana, manehna ngarasa heran, awakna karasa hararampang, nyasatna lamun lumpat dina tanjakan oge kuat. Jog anjog ka tangkal kawung sadapanana, kalacat naek barang rek ngaganti lodong sadapan, karasa beurat lodongna, tetela eusi lodong sadapanana aya kana tilu parapat lodong, beres ngaganti ku lodong sadapan anyar, sanggeus leungeun kawung disopak, manehna turun muru tangkal kawung hiji deui, ditangkal kawung ieu oge sarua kitu lodong sadapan nyasatna ampir pinuh, beres... regeyeng ditanggung, terus lempang mudun, sajeroning mudun manehna ngarasa atoh dibarung heran, biasana eusi sadapan dina usum katiga kieu paling paling ukur satengah lodong. Jog anjog kasisi solokan tadi, kasampak eta jalema masih aya, pokna teh : "Kisanak amun rek mekel, mekel we kadinya keur nu diimah, da moal beak kusorangan ieu teh".... Ngarasa atoh, terus nyimpang, sanggeus nyarandekeun tanggungan lodong, "Tuh ngala daun waru jang bungkusna" ceuk eta jalma, atuh keplas weh nigas dahan waru, ngala daunna 4 ~ 5 lambar, mungkus we dua pasi gede, reketek ditalian ku tali kulit waru, cantelkeun weh kana rancatan pananggung lodong sadapan. Sanggeus beres gancang pamitan bari nganuhunkeun, leos we balik, barang rek mengkol dina tanjakan, pangangguran manehna ngalieuk katukang, horrr...geuning geus euweuh obor teh, ceuk gerentes hatena, direretan kaditu kadieu lapur teu aya. Datang ka imah, blus asup kaimah tipanto dapur, manehna ngarasa heran, geuning pamajikanana can mirun seuneu, teu dipikiran, sanggeus nyarandekeun lodong didapur, neundeun bungkusan nangka dina parako, blus kapangkeng, kasampak pamajikanana masih tibra, teu gareuwah goledag we sare deui sisi pamajikanana, les sare tibra, nyaring-nyaring wanci haneut moyan, pedah we kagareuwahkeun ku sora tatangga-tatanggana anu hariweusweus, teu jelas nyaritakeun naon. Korejat manehna hudang leos kadapur, nyampak pamajikanana suwung, terus we manehna kapancuran, balik tipancuran kasampak pamajikana didapur. "Aya naon ni asa rame kitu diluar", ceuk manehna. "Puguh itu ceu Paraji leungit, peuting tadi, kapanggih sisi solokan tinggal sirah jeung suku sigana wae dihakan maung", jawab pamajikanana. Renjag eta tukang sadap reuwas kabina-bina, barang pamajikanana kapancuran rek gegeroh, ras inget kana bungkusan nangka, pangganguran rek dibuka, karek ge disingkab saeutik daun waruna gorehel teh ramo leungeun jalema, naaaa atuh...ongkek-ongkek..borolo utah kawas anu dicicikeun tina jero beuteung, leng kapiuhan, sadar-sadar ampir tengah poe, sanggeus sababaraha kali dicokcrokan ku anduk baseuh. Eta mah sapoe jeput teu beunang ditanya, ngahuleng siga nu kaedanan. Sakitu tah dongengna. ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda