as = alaihissalam... dianggo kanggo penetapan, lamun radhiallahu anhu mah doa 
( semoga Allah meridhai) ... bedana ari penetapan mah maksadna eta jalmi teh 
pasti salametna... ku kituna disebatna jalmi suci atawa maksum. naha maksum 
salain nabi aya? aya samodel sayyidah Mariam as , Imran, Ibuna NAbi musa as, 
dll oge maksum sanes nabi...
lamun ahlulbaet nabi disebat suci (maksum) kulantaran disebatkeun dina Al ahzab 
33 .. disebatkeun ku ta'kid ( TEGES) wayuthahhirakum tathhira  artina nu suci 
nu disucikeun...

biasana kaum tarikat atawa kasufian oge nyebatkeunana kitu , nyaeta FAtimah 
Zahra as.
Imam ali as lahirna di jero ka'bah ( moal mungkin we lamun indung na oge teu 
suci) coba lamun akang naek haji aya kabah anu rada retak ngajorok kalebet, tah 
eta teh tempat mukana baheula ambuna Imam Ali as asup ka eta Ka'bah pikeun 
ngalahirkeun Imam Alias.( HIji kakuasaan allah) 
Abu Thalib (rama na Imam ALi) saur sabagean nyebatna kafir, tapi lamun ditilik2 
haditsna seueur karancuan samisal hiji sahabat anu nyaritakeun kakafiranana 
tapi anjeunna ( eta sahabat nabi teh) teu sajaman jeung meninggalna Abu thalib.

nu kadua , katerangan ti Rasul sareng Imam Ali yen aki2na nepi ka adam teu aya 
jalmi anu musyrik., kabehna jalmi anu tauhid.

lamun dina elmu filsafatna mah : anu suci moal bijil tina anu teu suci, tapi 
tina nu suci bisa bijil anu teu suci (kulantaran dikotoran ku amal perbuatanana)

ieu saur pendapat ...anu kuat... mumkin aya oge pendapat nu sanesna...anu sanes 
kitu oge...








________________________________
From: wahyu spl <wahyu...@yahoo.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Tue, June 15, 2010 8:24:16 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Bulan Rajab Bulan Allah

  
beuuh si akang zen meni rajin euy...memang leres kang malihan mah urang kedah 
maos do'a anu matsur tea " Yaa ALLah limpahilah kami keberkahan di bulan Rajab, 
Sya'ban, dan sampaikanlah kami ke bulan ramadhan..aamiin. .mung punten kang :
pami teu lepat mah , gelar AS khusus ka para nabi nu sanes nabi muhammad 
sapertos nuh AS,musa AS, isa AS dll..sanes ahlul baet, kanggo para sahabat nabi 
muhammmad SAW sapertos abu bakar asshidiq, umar bin khattab, usman ibnu affan, 
ali bin abi tholib eta gelar na RA, kumaha deui sareng abu tholib mamangna nabi 
muhammad SAW ?
nuhun kang zen sateuacana ...




________________________________
 From: Mohammad zen <zenhus...@yahoo. com>
To: kisu...@yahoogroups .com; urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Mon, June 14, 2010 11:21:53 PM
Subject: [Urang Sunda] Bulan Rajab Bulan Allah



 
 
Informasi Budaya Islam:

Bulan Rajab disebatkeun dina sebagian hadits bulan Allah, bulan syaban bulan 
rasulullah bulan ramadhan bulan ummat rasulullah, biasana para pencari suluk 
ruhani , kaum mukmin mempersiapkeun dirina kanggo bulan ramadhan di bulan rajab 
ieu . bulan rajab oge salah sahiji bulan anu dilarang perang . ku kituna Rasul 
sareng Ahlulbaitna as nganjurkeun ka urang sadaya seueur2 puasa sareng doa 
bulan rajab sareng istifhfar, saenya2 na di bulan rajab ieu Allah ngabuka pintu 
saluas2na maghfirah... .
hari besar bulan rajab :
1 Rajab Kelahiran Imam Muhammad Albaqir as bin Ali zaenal abidin bin HUsein as 
bin Ali as
3 Rajab Syahadah Imam Ali An naqi as bin Muhamad Jawad as bin Ali Arrido as, 
bin Musa Al KAzim As bin JA'far as bin MUhammad Al-Baqir as
10 Rajab HAri Kelahiran Imam MUhammad al-Jawab as
13 Rajab Kelahiran Imam Ali as  ( di jero Ka'bah)
15 Rajab Wafat Sayyidah Zainab bin Ali as
25 Rajab Syahadah Imam MUsa Kazim as
26 Rajab Wafat Abu Thalib as( Emang Rasul saww, Bapakna Ali as)
27 Rajab hari BI'tsat ( pengangkatan nabi saww) 

Allahumma shalli ala muhammad wa ali muhammad



 
  
  


 


      

Kirim email ke